Ieu mah sanes komentar perkara Kerajaan Sunda Besar
atanapi Rukun Warga Tatar Sunda, tapi bade
ngabandingkeun naon anu kuring kabandungan. 

Di Kalimantan Timur teh aya hiji kabupaten namina
Kutai Kertanegara. Ceuk cenah wewengkon ieu teh,
tempat salah sahiji karajaan paling kolot di Indonesia
nyaeta Kutai Kertanagara tea. Ceuk cenah deui ieu
karajaan teh masih aya patula-patalina jeung karajaan
Tarumanagara di Jawa Barat. Malahan mah, ceuk Mang
Ayat, di Kutai ieu aya sababaraha Naskah Wangsakerta.
(naskah wangsakerta,abad ka17, teh hiji naskah anu
nyaritakeun sacara kronologis karajaan-karajaan di
Indonesia, anu disusun ku tim ti Karaton Kasepuhan
cirebon, pupuhana teh nyaeta Pangeran Wangsakerta).

Wewengkon eta teh hiji kabupaten anu paling onjoy
pendapataa asli daerahna (PAD) sa Indonesia, tina
hasil alam batubara (emas hideung) jeung kayu.
Bupatina Syaukani, anu diangkat jadi pupuhu asosiasi
pamarentahan Kabupaten sa Indonesia (APKASI). Jaman
bupati ieu pisan diresmikeun pusat budaya/karajaan
Kutai Kertanagara. Ceuk beja, unggal taun ari lebaran
teh, bupati teh siga sinterklas, ngabagikeun cicis
(pribadi)nepi ka ratusan juta keur rahayatna. Malahan
mah, beaya sakola ti SD nepi ka SMU teh gratis, atuh
kasejahteraan para guruna oge dinaekkeun. Duka tah
perkembangan ayeuna kumaha, naha tos jadi karajaan
atawa masih keneh jadi kabupaten.


baktos,

mrachmatrawyani


--- kang_gibson <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> Sampurasun,
> 
> Sateuacanna sim kuring muka dadaran pamadegan
> pribadi, langkung
> tipayun sim kuring seja sasadu heula, bilih bisi aya
> anu kasabit ati
> kasuat rasa tur kasigeung kersa, pangapunten anu
> disuhun pangampura
> anu diseja ti sakumna seke seler Sunda. Sok sanajan
> sim kuring pribadi
> ceuk rarasaan mah jeung ceuk beja ema jeung bapa
> kuring teh pituin
> Sunda, tapi da teu kitu ari anu ngarana rasa nu
> namina ati.
> 
> Sim kuring teh beak panasaran, naon anu sabenerna
> anu ku urang
> diarep-arep ti jaman anu geus lawas, ti Pajajaran
> anu anu lawas, Galuh
> anu jauh. Lamun anu di arep-arep teh karaharjaan
> jeung kajayaanana
> (Pajajajaran, Galuh jeung karajaan lianna) meureun
> urang bisa mupakat,
> tapi lamun Pasundan kudu ngajadi Karajaan duei
> saperti baheula mah can
> tangtu mupakat sarerea (kumna seke seler Sunda). 
> 
> Ceuk rarasan jeung pikiran sim kuring, kajayaan
> jeung karaharjaan
> Pasundan teu kudu balik deui ka sistem karajaan komo
> deui kudu
> ngoreh-ngoreh jeung nyaliksik turunan asli Raja
> Pajajaran jeung Galuh
> mah asa kokomoan teuin, kaleuleuwihi. Memang lain
> mustahil, tapi asa
> ngarawu kusiku, nya kaleuleuwihi tea kasebutna,
> ngarep-ngarep anu can
> puguh pihasileunana.



                
__________________________________ 
Start your day with Yahoo! - Make it your home page! 
http://www.yahoo.com/r/hs


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke