Insya Alloh STO (Sangu Tutug Oncom sanes Sentral Telepon Otomatis) diringkid
ka Rajamantri, da tadi indungna budak tos ulal elol ka sto Bubat, langganan
nu di Terusan Ciliwung mah can buka, lebaran keneh.
Buku atos dikintunkeun ka Pabukon Mayak, Kang Dedi nganuhunkeun pisan, komo
deui bukuna komik islami raresepeun geura barudak teh kitu saur Kang Dedi,
kuring teh mawa amanat Mang J kudu aya bukti serah terima jeung kudu difoto
sagala, nya atuh lahlahan masing lain tukang moto ge ari ngan saukur kitu
mah bisa.
Duka teuing atuh Mang J sim kuring ngarasa aneh daek wae kikituan teh, tapi
kuring ge ngarasa leuwih aneh lamun euweuh pisan nu daek kikituan, padahal
anu daek kikituan *) teh kawilang loba, boa boa anu loba eta teh araraneh
wungkul.
Mangga baraya anu di Bandung bilih bade ngiringan Kongres ngawangkong teu
beres beres tea di Rajamantri di bumina MJ, diantos pisan, urang matotoskeun
masalah YP sangkan hirup jeung huripna

MSasmita
nu keur Aneh (meureun)
*) kikituan = angkag ingkig nyumbang buku kanggo pabukon, ngirimkeun buku
kanggo pabukon, ngurus pabukon, ngilu mikiran sangkan maju, padungdengan
neangan pilihan nu pangalusna, jste.



Message: 20
   Date: Fri, 11 Nov 2005 13:43:49 -0000
   From: "kamalinaan" <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: ULEMAN KONGRES BANDUNG



rampes,

kuring leuwih aneh aya nu ngarasa aneh. tapi ketang nya kudu
dihampura, da baraya nu ieu mah anyar gabung, (asana jebulna ti
cipadung).

soal aya tapakna, tong ngaleuleungit. ayana eng ieng eng oge (eh,
punten, kabiasaan ngalelewe hehe, IAIN atawa naon ayeuna merekna),
salah salima alesanana, nya tapak Urang Sunda milu nyieun sakolaan
eta. urang jadi rada pinter, bisa nulis, bisa babacaan, bisa disada.

nepangkeun si kuring mang jamal, kuncen #3. nu ngondang baraya KUSnet
(milis ieu ngarana eta) pikeun ngawangKONG teu beRES-bereS.

upami aya waktos, wanter jeung ludeung deuih, mangga dihaturanan
sumping. urang sila tutug, sugan si Ua Sas janten nyadiakeun Sangu
Tutug Oncom.

KANGGO BARAYA KUSnet Sanesna
Punten kamari2 tebih ka warnet. pangulinan can buka deui. janten nitip
saur ka kang Soni nu tos ngantor deui. ieu ge di warnet.

kanu teu tiasa sumping, mangga teu sawios-wios. satiasana. tonk
ngaraos kapaksa da modal sukarela. da ongkoh aya acara nu langkung
penting sareng pirameeun, Halal Bihalal ping 26-27 di Cipanas Puncak tea.

baktos ti tukang teuing

mj

http://geocities.com/mangjamal


--- In urangsunda@yahoogroups.com, "kang_gibson" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Sampurasun,
>
> Aneh kuring mah, Ki Sunda teh loba pisan kumpul2 jeung Padungdengan;
> tapi taya hiji oge anu aya tapakna (?)... Boa2 Ki Sunda teh salah
> sahiji Keajaiban Dunia.......
>
> AG./bdg.
>
>






________________________________________________________________________
________________________________________________________________________

Message: 21
   Date: Fri,
      11 Nov 2005 21:03:42 -0000 (Local time zone must be set--see zic
     manual page)
   From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: (pabukons) wakaf buku tea


memeh lebaran teh yp kenging dua beja tea, dua urang wakaf buku pikeun
pabukons.

nu hiji mah enya, ti Kiblat Buku Utama,  ti kersana kang Erry Riyana
Hardjamapekas. buku2 otobiografi, 2 judul, bahasa sunda jeung indonesia,
riwayat pa R.H. Sobri Hardjapamekas, ramana. tah ieu conto US nanjung. Pa
RH Sobri Hardjapamekas teh, urang indonesia munggaran nu kenging
sertifikat ngawulang ngajar basa Jerman di Indonesia!

dua buku sanesna, perkawis sastra jerman sareng metodologi pangajaran basa.
insya Alloh ke dikintunkeun ka masing2 pabukons, masing2 opat jilid.

nu kadua, nu ieu penerbit Mizan. Ti saha cing? beu ieung. nu ieu mah ti
urang Batak euy. Z. Arifin Lubis. padamel Bank Indonesia Bandung (kepala
seksi saur urang Mizan mah, ngan duka seksi naon). hatur nuhun. duka
talatah juragan gupernurna duka kumaha. duka pamenta Mizan. mun ti anjeuna
pribadi teh (Pa ZA Lubis), ka urang sunda, wayahna we rada kudu era bari
nuhun. aya batur nu mantuan program urang.

buku wakaf ti Pa Lubis BI Bdg ieu dibagi dua, pikeun nambahan pabukon
Mayak Cibeber Cianjur (tos dikirim ku si Ua Sasmita) sareng kanggo Cibatu
Garut (kang Deny Suwardja).

ke ka tempat2 anyar calon pabukon wayahna rada antri.

mj

http://geocities.com/mangjamal





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Reply via email to