si kuring salaku seksi ingkig yp kusnet ngahaturkeun wilujeng gabung ka kersana kang Dede Mariana oge nganuhunkeun pisan kana bantosanana kanggo ngamajukeun program pabukon simpay katresna.
kang Dede -urang Unpad- nembean gabung. tapi kanyaahna pikeun kamajuan barudak Sunda di lembur2 sapertos teh Ika Mardiah, teu basa-basi alias prak. anjeuna langsung sms naros no.rek yp teras transfer ka rek. yp. rencana kapayun, kanggo pabukon nu tos antri di lumbung kawali, ciamis bojong, cidaun. nuju pesen buku deui ka mizan, sareng nu sanesna. bari ngantosan buku sakardus wakaf ti kang ZA Lubis/kang Erry diringkid kang Deni Suwarja ka Cibatu. anjeuna sok ngulampreng ka bandung janten teu dikintun via pos. nu ieu mah peryogi buktos tanda terima ti masing2 pabukon kanggo disetorkeun kanu wakaf ku Mizan. biasana mah henteu ukeun tanda terima, da ngaraos jeung dulur ieuh. ongkoh nu ngaruruskeunana oge baraya KUSnet keneh. asa teu kudu formal2an aya susuratan sagala, cara baheula, ngangge jurus mun teu percaya ka dulur, rek ka saha tea. sanaos pikeun administrasi mah perlu nya. ke lah ngeureuyeuh sugan. ma'lum, yayasan teh ngan diwangun ku modal cinta ka sarakan oge sangkan KUSnet hayang-hoyong aya gunana pikeun baraya di desa2. sanes ku manajemen canggih. tapi ku prak jeung bukti. nuhun ka kang Oman nu tos nganjang ka pabukon Sarkanjut. kabayang oge kang Oman aprak2an di wewengkon Garut. nu dikuriling gunung. hanjakal Mang Hasan garut, tos dua kali ka bdg, teu kantos pendak. moal, moal ukeun oleh2 ti Malaysia, apal lah, gantungan konci gambar Petronas Tower. haha. upami minggu kamari nyimpang mah, dibekelan buku kanggo pabukon Sarkanjut, da aya sababaraha belas buku stok sesa ngintun ka pabukon sanes. ke ari salse, urang bungkus heula we, dikintun kana 4848. mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/