Kamari teh nyempetkeun nelepon ka Pa Uka (Prof. Uka Tjandrasasmita) naroskeun perkawis candi cangkuang (da hoyong terang langkung paos...)
 
CANDI CANGKUANG
 
Candi cangkuang mangrupa hiji-hijina candi hindu di tatar Jawa Barat, nu ayana di wewengkon Desa Cangkuang Kecamatan Leles Kabupaten Garut, kira-kira 40 km ti kota Bandung ka palih wetan-kidul.  Candi ieu ngadeg peuntas situ cangkuang caket makam kuno Arif Muhammad, salah sahiji laskar Mataram anu nyerang ka Batavia/VOC abad 17 nu teras nyebarkeun agama islam di ieu tempat.
 
Cangkuang asalna tina nami (toponimi) tutuwuhan nu rea di tempat ieu, nyaeta sabangsa tangkal kaso anu sok dianyam dipake nyien koronjo, oge daunna sok dipake noros gula kawung.
 
Dina taun 1893 medal hiji "karya ilmiah" ti Vorderman, sajarawan urang Walanda nu mertelakeun yen di Desa Cangkuang kapendak hiji makam kuno katut patung arca.  Dumasar kana karya ilmiah ieu, dina ping 9 Desember 1966, hiji tim ti dinas purbakala ngalakukeun panalungtikan sarta dituluykeun ekskavasi (pagalian) di kawasan makam kuno ieu.
 
Hasilna tim ieu mendakan seueur pisan btu-batu andesit anu bentukna pasagi oge sering ku masarakat di dinya digunakeun pikeun batu nisan.  Pamendak paling aheng (sensasional) nyaeta ayana pondasi candi saukuran 4,5 X 4,5 meter sarta batu-batu lianna anu mangrupakeun bagean tina candi.
 
Saparantos dikempelkeun eta batu-batu, kasampak mung aya kirang-langkung 20 % ti jumlah nu kedahna aya.  Sawios mung aya 20% ruruntuk candina, kusabab aya batu-batu nu mangrupakeun bagean-bagean tina candi, boh batu pondasi, boh bagean tengah sarta bagean luhur candi, oge lokasina aya di Jawa Barat nu harita teu acan kapendak candi, ku kituna proyek ieu tiasa dituluykeun ka tahap rekonstruksi candi.
(Numutkeun Pa Uka, benten sareng di Jawa Tengah nu seueur candina, pami bade ngarekonstruksi candi kedah aya sakedikna 60% ruruntuk batu candina.)
 
Akhirna rekonstruksi candi jadi dipigawe ku Proyek Pembinaan Kepurbakalaan dan Peninggalan Nasional Depdikbud dina taun 1974 - 1976.  Diresmikeun ku Mendikbud harita Dr. Syarief Thayeb ping 8 Desember 1976.  Sangkan hasilna tiasa kasaksi ku urang kiwari, sawios wangunan candi cangkuang ieu seuseueurna sanes tina batu aslina.
 
Wangunan candi cangkuang masih sederhana pisan, teu aya bilik/kamar-kamar nu ilahar aya dina wangunan candi, oge teu aya relief nanaon dina batu candina.  Hal ieu nunjukeun candi cangkuang ieu lewih kuno tibatan candi pangkolotna, nyaeta candi dieng di Jawa Tengah nu diadegkeun dina abad 9 Masehi.
 
Nyoko kana pedaran diluhur oge ditambih ayana arca syiwa di lokasi candi, para ahli purbakala tiasa negeskeun yen candi cangkuang ieu mangrupa candi agama hindu nu diadegkeun dina abad ka 8 Masehi titinggal karajaan Galuh periode awal.
 
 
Mung sakitu wae...
haturnuhun
Baktos,
hendra


Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to