Wilujeng HBH ka baraya kusnet ping 26-27 Nop taun 2005 mudah-mudahan tiasa ngaraketkeun silaturahmi urang sadaya, hapunten sim kuring teu tiasa ngiringan kumargi aya pamengan kedah tanggel waler di pabrik anu kaleresan diayakeun ping 26 & 27 Nop oge (hajat akhir tahun stock take year end 2005).
 
Ngiring bingah sareng mudah-mudahan kenging mangpaat keur urang sadaya, hatur nuhun
Dani Riswandi Waluya
****kuli pabrik....
-----Original Message-----
From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of Nanang Tedja
Sent: Thursday, November 24, 2005 2:02 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Cc: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Bewara : HALAL BIHALAL KUSNET 2005

Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh..
 
Baraya Kusnet sadayana,
Dina raraga boboran siam 1 syawal 1426 Hijriah,
dibéwarakeun deui yén bade diayakeun acara Halal Bihalal Kusnet 2005
nu Insya Allah badé diayakeun dina :
 
Dinten Saptu dugi ka Minggu, ping 26~27 Nopember 2005
ngawitan tabuh 08.00 énjing dugi ka lekasan
di Villa Batan, Kota bunga, Cipanas - Puncak
 
Acara :
  - Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan
  - Hiburan & Kaulinan
  - Kongres, Diskusi santei
  - begadang bari meuleum jagong....asik wé lah...
  - Aerobik sareng jalan-jalan ka Kota Bunga
 
Lokasi :
Lokasina kirang langkung 2.5 KM ti Jalan Raya Cipanas-Puncak
lebet ka arah Kota Bunga / Taman Bunga Nasional.
Tiasa kana angkot rute : Cipanas-Loji (warna konéng)
lungsur di payuneun "Tasik artshop", teras lebet 500 meter
tiasa mapah/nganggo kendaraan.
Peta-na ditangkodkeun.

Anggoan :
Santéi wé, nu gaduh kaos Kusnet mangga dianggo,
pami teu gaduh, di lokasi HBH ogé aya nu icalan.
kudu mésér nya....
 
Ka baranya nu bade mondok tong hilap ngabantun jaket/
anggoan nu kandel kumargi hawana nyecep..
sareng sayogi obat-obatan.
 
Nu bade olahraga, mangga ngabantun raket Tenis, raket
badminton, oge bet tenis meja.
 
Kukituna, ka anu parantos ngintun konfirmasi bade sumping,
réngréngan Panitia ngantos kasumpingan sadayana dina waktosna.
 
Mugi-mugi ku acara ieu, tiasa langkung ngaraketkeun tali silaturahmi
diantawis baraya Kusnet sadayana.
 
Diantosssss...........
 
Sakitu anu kapihatur,
Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.

-Ndoell-
Panitia (hususon tukang wawar)
 
hapé : 08129056192
imel : [EMAIL PROTECTED]


Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.
 

This message (including any attachments) is only for the use of the person(s) for whom it is intended. It may contain Mattel confidential, proprietary and/or trade secret information. If you are not the intended recipient, you should not copy, distribute or use this information for any purpose, and you should delete this message and inform the sender immediately.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke