muhun nya geuning teu tebih didangukeun teh sami teu aya benten na jiganateh.. kengeng di japrikeun nu sanes midi na.. upami leres aya..
punten nepangkeun abdi neni kawit tibandung ayeuna nuju ngumbara di batam janten tukang kuli janten kalong batam...

Rachmat Sugandi Hamdani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kahatur kasadaya baraya di KUSNET,
 
Sinareng Hormat, 

 
Nepangkeun abdi Andi, nembe mendakan KUSNET sababaraha dinten anu kalangkung, palay ngiringan janten mitra KUSNET.
  
Teu karaos, ngabelaan `kebul dapur`, abdi teh kedah ngumbara, `jarambah` tebih ti lembur kakasih,...  ti kawit taun 1999, atuh ti taun 2003, abdi sakulawargi teh  `kapaksa` kedah ngumbara di tanah Inggris, janten TKI matuh (punten,...sanes TKW da abdi mah pameget),... tebih ti tanah priangan, tebih ti lembur kakasih,
 
Mani asa sono pisan ka lembur, mani asa sono pisan ka urang sunda di lembur,...sono pisan kana katuangan nana,....didieumah tebih ti tumis genjer, beuleum peda beureum, pais oncom, poreng impun, kere mujaer,...komo lalab (beuleum peuteuy pare, randa midang, kulub jaat, jengkol ngora) mah,...mung aya dina impenan,....
 
Alhamdullilah,...ayeunamah,...kumargi tos janten anggota KUSNET, panginten,...tiasa kahibur,....asa teu nunggelis teuing,...manawi tiasa ngiringan incikibung di KUSNET mah. 
  
Di dieu abdi mendakan lagu sunda kameumeut,.... Panon  Hideung, mung ieu mah versi Lagu Rakyat Rusia judulna Ochi Chernye (=dark eyes =panon hideung).
 
Duka mana anu asli namah, walohu alam, pokonamah bade Panon Hideung,...bade Ochie Cherniye,...dua nana melankolis sareng romantik pisan,...sok janten emut kana mangsa 20 tahun kalangkung,...basa abdi nuju to hothat hulu dijantenkeun suku,...suku dijantenkeun hulu,....`ngaboro`,.... kabogoh si `panon hideung` ,..anu ayeuna mah Alhamdulilah,...tos janten indung si kucrit (awewe 14 taun, lalaki 10 taun).
 
Abdi gaduh 3 versi , masing2 4MB, 3MB sareng 5 MB,...Kumargi files na arageung, upami aya baraya2 sunda anu teu acan gaduh, bade nyobian ngadangu ; nga-email we, engke ku ku abdi dikintunkeun
 
PANON HIDEUNG
Panon hideung pipi koneng
irung mancung putri Bandung
Putri saha di mana bumina
Abdi reuseup ka anjeunna
 
Siang wengi ka impi-impi
Hate abdi sara sedih
Teu emut dahar teu emut nginum
Emut kanu geulis panon hideung
OCHIE
 CHERNYE
Ochi chernye, ........
ochi strastnye, .......  
Ochi zhguchie ,.......
i prekrasnye,......
 
Kak lyublyu ya vas,,..... 
kak boyus' ya vas,,.....
Znat' uvidel vas ,.....
ya v nedobryj chas.,.....
 
sementawis terlampir tiasa dibandingkeun 
antawis Panon Hideung sareng Ochi Cherniye
dina format MIDI  
Hatur nuhun
 
Baktosna
 
Andi
 
Di lembur pangumbaraan
  

Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Wassalam
Nenny
"Nineung Pisan Ka Lembur Kuring"


Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke