Baraya sadaya,
Tah geuningan, kabuktian, ngalegaan kabutuh jeung kaperluan dulur-dulur KUSnet teh. Tina urusan basa, budaya maca (buku), nepi ka ayeuna, tatanen, bil khusus tatanen rambutan, minangka bagean tina budaya anu leuwih luas. Sigana teh anu tiasa mairan patarosan ieu mah para ahli tatanen + biologi KUSnet, diantarana Kang Yaya, Kang Jun, anu ayeuna nuju ngamalkeun + tholab elmu di Korea. Sumanggab diantos pedaranana.
Ngeunaan ahli tatanen urang, ti heula si kuring teu sirikna unggal minggu posting perkara ekonomi-tatanen. Bisa kitu soteh bubuhan ti taun 97-an, sorangan wanoh terus "sosobatan" (mangga tanda " ", da ieu sepuh teh tos 70-an, namung masih jagjag, masih tiasa ngurus kebon). Anjeunna alumni Fak. Pertanian UNPAD angkatan kahiji pisan. Nya anjeunna salah saurang putra Sunda anu tiasa nyipatekun sarana pertanian kayaning gemuk organik (Mmacrosyl, Grammor) sareng ZPT Hydrasil. Produk anu akhir kasebut mah malah kungsi kaanggo ku Deptan, dekade 1980-an, keur digunakeun di sawah sa-P. Jawa, khususna Pantura.
Ku kabeneran, satemenna ieu sepuh asli urang Subang sareng gaduh kebon di Panaruban-Ciater-Subang. Tempat anu masih kawilang asri. Ti heula si kuring mindeng pisan ka eta patempatan, diskusi jeung ngalap elmu tatanen anu teu kungsi diajar pisan, bubuhan lain widang kuring. Naha tiasa kitu ieu sepuh diajak ngawangkong soal budidaya rambutan anu di taroskeun ku Kang Rusdi ieu? Duka teu acan nyoba naroskeun.
Anu jelas, keur ngawetkeun hasil rambutan mah, saran ti anjeunna kapungkur, pamarentah (khusus dina kasus ieu Pemda Subang) nya wayahna kudu ngamimitian ngusahakeun sangkan di sentra-sentra rambutan di Subang aya "cool-storage". Ieu teh taya lian, pikeun ngungkulan masalah sifat hasil tatanen anu teu payaan (rentan, perishable ?, punten bilih lepat nyeratna). Rambutan anu disimpen dina cool-storage gede harepan tiasa diekspor dina lain musimna, mangkaning pasar di LN cenah lumayan gede keur rambutan teh.
Cag sakitu wae heula.
baktos,
manAR
On 11/29/05, rusdi yunus <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hapunten ka sadaya wargi milis "urang sunda" di mana bae ayana ter utami anu uninga sareng ngartos kana ilmu botani atanapi pertanian. simkuring kacida ngaharepkeun bantosanana kangge kamaslahatan sadayana khususna wargi anu aya di sekitar simkuring atuh umumna anu di mana bae ayana.Dupi bantosan anu kalintang pisan di piharep ku pribados nyaeta ngenaan rekayasa atanapi pengolahan tangkal rambutan supados tiasa sapertos di nagri tatanggi ( thailan ) kumaha carana supados tangkal rambutan tiasa buahan teu terbates usum. kadua kumaha carana atanapi obat kangge ngawetkeun buah rambutan anu tos di peutik ( pengawetan buah rambutan ) margi pami tos usumna buah rambutan teh terlalu melimpah. nah kumaha carana supados tiasa di awetken.Atanapi Bok Bilih bade ngaayaken percobian ngenaan budidaya rambutan atanapi bade praktek percobaan mangga ku pri bados di antos. sok komo iyeu pribados ningali kana milis " urang sunda " kalintang seueurna anu nuju atanapi nyangking ilmu ti ITB kukituna mangga ku pribados kalintang di harepkeun kana sumbangsihna kangge karya nyata.Sakitu manawi pamunut simkuring anu harepan simkuring mugia para wargi milis iyeu tiasa ngadukung kana perogram iyeu.Salam PribadosRusdi yunus teaSend instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

