|
Wa Tito, ngiring bingah tos tiasa nyelegon deui
dikantor, salam kanggo kulawargi di sby, ari keom mah masih ready stock, ngan
nyaeta pami ditamplokeun sadayana didieu, bilih bari pami dibukukeun teh da tos
maraos. Enya kamari teh kasak kusuk sareng MJ perkawis sakadang keom, saurna
anjena sanggem janten fasilisator ka penerbit,nya kalebet program YP no.7
tea, kitu deui waktos ngarumpi sareng teh ipeut, anjeuna nyarios kieu "
kang syam itu ada bakat coba kembangkan itu !" najan mamalayuan oge teu digebah,
biasa bu guru mah asa nyarios ka muridna panginten he he. Si ua sas sareng mama
manaR ge mani keukeuh sikeom teh kedah dibukukeun. Enya asa aya nu
nyumangetan utamina ti para sepuh, mudah-mudah kabirunyungan ku milik,ayeuna
bade tatahar, ngedit keom anu tos aya, mudah-mudah aya ideu deui, janten
keomna euyeub, basana langkung gaul, seurina langkung nyakakak. Enya da sesah
sesah gampil ngadamel pikaseurieun teh, teu cara nyeungseurikeun batur asana
gampil pisan.he he
Tah kitu wa Tito, ieu mah nembe babalagonjangan,
pami janten nya alhamdulillah, pami teu janten nya etang etang ngalamun we. Kade
nya pami tos aya bukuna, tong kawon ku teh Tien, saurna tos wakca
bade pangheulana ngaborong, he he.
SR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] TIBELAT-bingah syam ridwan
- Re: [Urang Sunda] TIBELAT-bingah Tito Suryana
- Re: [Urang Sunda] TIBELAT-bingah ahasveros

