Bobogohan? .....ieu kuring boga dongeng basa lebaran kamari di Sumedang, dongeng kapiemang di Sumedang, anakna dulur misan aki kuring. Si Emang teh ti leuleutik ngilu jeung Aki Kuring. Manehna ngadongeng, baheula basa keur umur 17 taun, manehna dititah kawin ku bapana, sabab adi awewena rek aya nu ngawin, teu meunang dirunghal cenah. Atuh kacida kagetna, tapi teu bisa nolak, ngan bingung ari awewena nu rek dikawin teh nu mana. Ceuk bapana teh pokona soal calon pamajikan mah geus aya. Nya der weh kawin, tepi ka ayeuna si Emang teh teu ganti pamajikan, malah ayeuna geus boga buyut.
Kuring ukur nyenghel we seuri, ngadenge dongeng si Emang teh, inget pangalaman kuring sorangan, da meunang dua taun ti saprakna wawuh kakara wani ngarangkep jeung "Si Ambu Willy" teh. Heueuh ...... da mimiti mah sagala "sieun" wae rek kawin teh. Ari geus kawin mah, hehehe, mun ti baheula ....... Baktos, WALUYA --- In urangsunda@yahoogroups.com, "Giawati" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Leres kang... > Da kedahna mah "bobogoan" teh saatos nikah, janten emut ka buku anu judulna " Nikmatnya Pacaran Setelah Pernikahan" anu di tulis ku Ustd. Fauzil Adhim ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital. http://us.click.yahoo.com/f4eSOB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/