Assalamualaikum baraya sadaya,-
 
Sim kuring aya pamendak atanapi pamadegan, dina perkawis pamarentahan SBY naekkeun BBM, salah sawios alesanana teh "ngimam" ?ka negara-negara tatanggi. Yen pangaos BBM di pasaran dunya naek kedah diudag ku naekekeun pangaosna di negara urang kirang langkung sami sareng di negara-negara tatanggi. Jigahna ieu teh buktos yen pamarentahan urang tibaheula keneh can tiasa ngaweruhkeun "para penyelundup" barang-barang anu pangaosna mirah ku disubsidi. Tah eta saleresna inti masalah. Saleresna pangaos mahal atanapi mirah tong janten hiji-hijina ukuran, margi mahal oge ari kagaleuh sapertos di negara batur, teu masalah; hartosna pendapatan balarea cekap mampu. Masalah di urang mah pendapatan penduduk nu picekeriheun sedih pisan margi seueur nu teu cepeng damel ALIAS NGANGGUR.Janten pangaos BBM dipajengkeun teh supados penyelundup teu tiasa untung kacida pami ngicalna kanu mampu mayar awis di negara jiran. Padahal sanaos kumaha wae ari para inohong Pertamina teu dikawal pamarentah, pasti masih tiasa oge panginten??? nyelundupkeun minyak ka luar negeri; dapuguh minyakna hasil kolusi "maling"?????. Ieu estuning dugaan simkuring anu teu gaduh data. Buktosna waktos boboran siam kamari, Daging diselundupkeun ti Msia ka Riau/Jambi, margi pangaos daging di Msia mirah. waktos harita di Indonesia pangaos daging Rp 55.000,00/Kg. di Msia RM 18.00/Kg. Kalih perkawis Pamerantahan SBY palayeun benten sareng anu atos-atos, make aya BTL sagala, tapi nyatana masalah teu seep-seep; pengangguran teu ngirangan??? Nu puguh mah ngadidik rahayat namprak miharep belas kasihan nagara, lain ngarangsang daek gawe anu kadituna tiasa mandiri. Jalan kaluar ti sim kuring mah dina hal BBM, wios tong ditaekeun, atanapi naekna tong ngudag di luar, dapuguh daya beli rahayat can mampu. Tapi ciptakeun kasempetan usaha pikeun rahayat leutik sagampang-gampangna. Ciptakeun bangsa Indonesia bangga make barang-barang buatan sorangan. Barang-barang anu masih tiasa didamel di nagara sorangan sapertos: beas, gula, kedele, jagong, suuk, buah-buahan, daging hayam+sapi, kembangkeun kucara proyek nagara. Tantara nganggur bareng-bareng damel sareng nu ngalanggur tea buka lahan-lahan di luar Jawa, sahingga kaperluan di nagara urang teu gumantung ka nagara sejen.Usaha-usaha industri anu aya hubungkait sareng hasil-hasil tadi oge dikembangkeun tahap kadua, sapertos tepung ikan bahan pelet eta penting pisan kanggo industri perikanan+hewan. Rincina teu mungkin dibeberkeun sadayana di dieu. Tapi intina kitu. Hatur nuhun pamugi janten bahan emutaneun sareng ngarealisasikeunana.Wasalam


Yahoo! DSL Something to write home about. Just $16.99/mo. or less

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke