Punten aya koreksi sakedik, panginten anu mintonkeun kacapi suling teh sanes ti gentra Kaheman, mung rerencanganna kang Deni Suwarja - Garut sareng anu nyulingna mah Cep GIlly tea. Nya sanaos kitu aya oge eta barudak anu jentrang jentreng maen kacapaian oge, pas naon tea nya?


ndoell <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
--- In urangsunda@yahoogroups.com, "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh..

Sateuacana, nuhunkeun dihapunten rehna seueur nu ngarep-ngarep Dongeng
Halal Bihalal. Mung nembe tiasa dipostingkeun ayeuna, kumargi sabada
HBH teh pakepuk pisan ku padamelan. Plis baraya....punten pisan...


Baraya Kusnet sadaya,
Acara Halal Bihalal anu diayakeun dina dinten saptu dugi ka Minggu
ping 26~27 Nopember 2005 di Villa Batan-Cipanas,  Alhamdulillah
parantos kalaksana kalayan teu aya rintangan naon-naon.

Numutkeun catetan, nu sumping dina ieu acara :
----------------------------------------------------
- Kang Ahmad Gunawan, Jakarta, 1 dewasa
- Kang Arifin, Depok, 1 dewasa
- Kang Agus Viking, Bandung, 2 dewasa + 1 murangkalih
- Kang Asep Saefudin, Ciawi, 1 dewasa
- Kang Amien, Bogor, 2 dewasa + 1 murangkalih
- Kang Ato Riyanto, Bandung, 1 dewasa
- Kang Cepi, Bogor, 1 Dewasa
- Kang Dadang, LSS Gentra Kaheman Bogor, 1 dewasa
- Kang Dadang Z. Arifin, Jakarta, 1 dewasa
- Kang Deny Suwarja, Garut, 4 dewasa + 3 murangkalih
- Kang Didi Ustad Leboy, Jakarta, 2 dewasa + 1 orok
- Teh Dini Harmita, Bogor, 4 dewasa
- Kang Dudi, Bogor, 1 murangkalih nu tos dewasa
- Kang Eko, Bogor, 1 dewasa
- Kang Ega Gumbira, Tasik, 1 dewasa
- Teh Ela Nurlealasari LSS Gentra Kaheman Bogor, Bogor, 10 dewasa
- Teh Elis Fauziah, Jakarta, 1 dewasa
- Teh Giawati, Cikarang, 4 Dewasa
- Kang Gilly Prayoga, LSS ITB Bandung, 1 dewasa
- Kang Gunawan Yusuf, Serang, 1 dewasa
- Kang Bowie, Tangerang, 4 dewasa + 2 murangkalih
- Kang Hendra, Bogor, 1 dewasa
- Kang Hendri Mulyana, 1 dewasa
- Kang Herdiansyah,1 dewasa
- Kang Iim, Bandung, 1 dewasa
- Kang Ikmal, Jakarta, 2 dewasa
- Teh Imas Mustakim, 4 Dewasa, 2 murangkalih
- Kang Irpan, Jakarta, 1 dewasa
- Teh Iva Wanti, Bandung, 1 dewasa
- Mang Jamal, Bandung, 2 dewasa
- Bah Jaka Tingkir, Jakarta, 4 Dewasa
- Kang Kamal Idris, 3 dewasa + 1 murangkalih
- Kang Kumi, Bandung, 1 dewasa
- Teh Lia Indriati, Jakarta, 1
- Kang Maman Gantra, Jakarta, 1
- Teh Mia, Bogor, 1 dewasa
- Kang Nanang Ndoell, Depok, 2 Dewasa
- Teh Neni "Ambu", 1 Dewasa + 1 murangkalih
- Mang Oman, Bandung, 2 Dewasa
- Teh Pupi, Bandung, 1 dewasa
- Kang Rachmat Rawyani, Depok, 2 dewasa + 2 murangkalih
- Kang Rezza, Bogor, 1 Dewasa
- Kang Romi Cahyadi, Bogor, 2 dewasa
- Kang Runa Inawan, Bogor, 1 Dewasa
- Kang Syam Ridwan, Jakarta, 1 dewasa
- Uwa Siddik, Seoul, 3 Dewasa
- Uwa Sasmita, Bandung, 5 dewasa + 1 murangkalih
- Uwa Tito, Surabaya, 1 dewasa
- Teh Titi, Cikarang, 3 dewasa
- Teh Tia, Depok, 1 dewasa
- Teh Tien, Surabaya, 1 dewasa
- Bapak Tubagus, Jakarta, 3 Dewasa, 2 murangkalih
- Kang Teddy, Subang, 2 Dewasa
- Bah Willy, Bandung, 2 dewasa + 2 murangkalih
- Kang Yayan Mulyana, Bogor, 6 dewasa
- Kang Yudi Febrianto, Bogor, 1 dewasa
- Teh Fanny + Crew MEGASWARATV, Bogor, 4 dewasa

punten bilih aya nu teu kaabsén...
rupina seueur nu sumping mung teu ngeusian buku tamu..


Kagiatan / Acara  :
-------------------

SAPTU 26 NOPEMBER 2005

Tabuh 08.00~11.00     
-----------------
- Daptar, Ngeusian Buku tamu
- Mintonkeun Kocapi Suling (LSS. Gentra Kaheman IPB)
- Karaoke

Nu sumping nungtutan ngawitan ti malem saptu keneh. Teh Tien, Kang
Maman Gantra, Kang Irpan, oge Kang Runa, Kang Rezza + kang Dadang anu
kenging pancen kedah beberes, ngamparkeun karpet, nyiapkeun setting
rohangan, oge masang spanduk.

Ti enjing, sabari ngantosan tamu nu sarumping, dieusi Kocapi suling
anu dipintonkeun ku LSS IPB + Kang Gilly ti LSS ITB. Diteraskeun
Karaokean lagu-lagu sunda. Uwa Tito, Teh Imas, Kang Maman Gantra, Teh
Iva, Ambu sareng nu sanesna sakali sewang ngahaleuang. Sorana meni
sarae, halimpu.

Sapalih ngawangkong bari sila, ngetewil opieun sarupaning, kiripik,
Kueh, Tahu, Brownis, cuhcur oge korma bantun ti para wargi anu
sumping.

Sawatara eta, nu Bazzaar ngiring ngareuah-reuah :
- Kang Ndoell, icalan Jeniper + VCO-Virgin Coconut Oil
- Uwa Sas, icalan Buku-buku sunda
- Uwa Siddik, icalan Teh Ginseng
- Kang Amin, icalan kaulinan murangkalih
- Teh Neni Ambu, icalan tiung
- barudak IPB icalan Kekesed
- Panitia mah icalan kaos Kusnet

Diluar, langit beuki angkeub, hujan pras-pris ragragan, hawa tiis
beuki lila beuki nyiwit kana kulit, maksanangkeup harigu. Nu haladir,
dihaturanan ngariung di lebet rohangan nu haneut ku rasa sono,
galecokna nu ngawangkong sareng rame ku nu saleuseurian. Sadaya nu
hadir hiji ge teu kalangkung di potoan ku Kang Rachmat
sareng dipilemkeun ku Kang Bowie. Acara nembe ngawitan dibuka.


Tabuh 11.00~12.30
-----------------
- Bubuka (Ku MC : Kang  Gunawan)
- Doa (Ku Uwa Tito)
- Tari Merak (LSS. Gentra Kaheman IPB)
- Sambutan Pupuhu Panitia (Kang Ndoell)
- Sambutan ti Pamangku Hajat : Uwa Siddik
- Sambutan ti Sesepuh Kusnet : Uwa Sasmita
- Sambutan ti pupuhu YP : Mang Jamal
- Tari Topeng (LSS. Gentra Kaheman IPB)


Tabuh 12.30~13.30     
-----------------
Rehat, Sholat Lohor, Tuang Siang

Sabada tuang siang, aya pamundut ti Crew Megaswara Tipi Bogor,
Presenterna nyaeta Teh Fanny (Istrina Kang Adi Pitun, Abu Dhabi) anu
nuhunkeun sadaya baraya Kusnet ngumpul sareng ngawilujengkeun ka
Megaswara Tipi anu ngajomantara munggaran, di syuting sareng baris
ditampilkeun dina siaranana.
Ehm...Kusnet lebet kana Tipi....


Tabuh 13.30~15.00     
-----------------
Syuting "Kusnet Greeting" ku Tipi Megaswaratv :
- Wilujeng Ngajomantara munggaran
- Wilujeng Taun Anyar 2006
- Wawancara ngeunaan Kusnet.
  Nu di 'Syut' teh nyaeta, Uwa Sas, Uwa Siddik,Mang Jamal, Mang Oman
  sareng Kang Ndoell.


Tabuh 15.00~17.00     
-----------------
Wawanohan ku cara kaulinan, dipandu ku Kang Ikmal, Teh Nenny "Ambu" &
Teh Imas. Acara ieu kabuktian epektip.  Nu satadina isin-isin
naroskeun nami, atanapi hoyong wanoh, jadi weh apal saha-sahana.
Acara ieu diadopsi tina salah sahiji acara anu kungsi diayakeun di
kantorna Kang Ikmal, mung dimodipikasi sareng disundakeun.


Tabuh 17.00~19.30     
-----------------
Sholat Ashar, Rehat, Sholat Magrib, Tuang Wengi, Sholat Isya

Sabada tuang wengi, langit nu lenglang nyesakeun hawa tiis. Sapalih
tos marulih deui, bari sasadu teu tiasa ngiringan mondok. Sapalih
deui ngarumpul, ditambihan ku anu nembe sumping.

Acara serieus anu satadina bade diayakeun, sarupaning Diskusi atanapi
Kongress dibedo-keun, estu ieu mah acara silaturahmi, ngahaja
dieusian ku acara nu rada santei.


Tabuh 19.30~23.00     
-----------------
- Ngawanohkeun Kusnet (dipandu ku Mang Jamal)
- Wawanohan II (dipandu ku Kang Ikmal, Teh Nenny "Ambu" & Teh Imas)
  neraskeun acara nu katunda, sabari babagi Door Prizes.


Tabuh 23.00~03.00     
-----------------
Di teras, Kang Rezza saparakanca meuleum jagong ngora, bagian
konsumsi mah sibuk nyayogikeun kulub hui, kulub jagong, kulub cau,
ninyuh Bajigur, ntéh sareng kopi. Mang Jamal, Kang Hendri, Ambu, Teh
Imas, Teh Ani, Uwa Siddik neraskeun karaokean, ti lagu dangdut, Pop,
dugi ka lagu korea.

sababaraha gunduk aya nu keur papencet-pencet, aya oge nu maraen remi
gebragan, bari ting jarerit. Hiji dua marojok ngobrol ngaler ngulon.
Nu tarunduh mah ting galoler, di unggal juru. Nu ngabantun kulawargi
istirahat di cottage-na sewang-sewangan. Karulem, talibra pisan.


MINGGU 27 NOPEMBER 2005

05.00~06.00      Senam Aerobik..
            Teh Imas nu janten instrukturna.


07.00~08.00      Mumuluk / Sarapan
            Sangu wuduk, Bubur Hayam, Kulub cau ...

10.00~            Marulih deui ka alamna sewang-sewangan....
            bari cape, tunduh keneh tapi kenging oleh-oleh
                kasugemaan...

......................................................................

Mangjuta-juta Hatur nuhun ka :
- Uwa Siddik sakulawargi anu parantos ngawaragadan ieu acara
- Mang Jamal a/n Yayayan Perceka anu ngiring ngabantos ngawaragadan
- Rengrengan Panitia anu nyayogikeun sagala rupina ti tilu sasih
  kapengker keneh dugi ka rengsena acara, hut-het, gogotong,
  huhujanan...
- Kang Akos sareng Kang Tirta anu teu weleh nyumangetan ka sadaya
  anggota Panitia
- Rombongan LSS Gentra Kaheman IPB Bogor anu parantos ngiring
  ngareuah-reuah
- Kang Eko, Teh Neni Ambu, Teh Imas, Teh Mia, Teh Pupi, Kang Deni
  oge nu sanesna   nu parantos angkaribung ngintun tuangeun
- Kang Adi Pitun, hatur nuhun kintunan korma-na
- Para wargi nu parantos ngersakeun sumping, jauh dijugjug, anggang
  diteang anu tangtos teu sakedik nyeepkeun waragad.
- Para wargi anu nelpon, ngintun imel, ngintun SMS, sareng ngintun
  do'a merhatoskeun kana ieu acara..

kum we kasadayana anu parantos ngiring ngarojong, da upami teu aya
pangrojong ti sadayana pamohalan ieu acara Halal Bihalal tiasa
kalaksana kalayan sukses. Pamugi bae eta pangrojong teh sing janten
amal soleh. Amin.

Rumaos seueur kakirangan, lepat sareng luputna teu weleh aya, dina
panampi, dina leueuteun, katuangan atanapi patempatan, atas nami
rengrengan Panitia nuhunkeun dihapunten. Mugi henteu kirang-kirang
pamaklum bae.

Nampi pisan ayana kritik, mungguh sadar rehing kritik teh teu kinten
peryogina kanggo kamajengan urang sadayana. Mugi-mugi bae acara
sarupaning HBH teh tiasa langkung sae ditaun-taun anu bade dongkap.

Manawi sakitu pedaran perkawis acara Halal Bihalal, dongeng-dongeng
sanesna mah rupina parantos diposting ku baraya nu sanes.
Hatur nuhun kana sagala perhatosanana.

Wassalamu'alaikum Warrohmatullohi wabarokaatuh




-Ndoell-

(Tukang Wawar ngarangkep Pupuhu Panitia)

--- End forwarded message ---







Baktos Ti Pribados,
Runa Inawan - KUSnet
"Kebajikan yang ringan adalah menunjukkan muka berseri-seri dan mengucapkan kata-kata yang lemah lembut"(Umar bin Khattab) "

__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam
http://id.mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke