Nu dimaksud ku sim kuring ulah langsung "vonis"
nyalahkeun teh mun bisa nganileyna sacara
proprosional.
o Pasualan :
- Ayeuna di Pemda Cianjur loba kama'siatan anu
sawajarna wajib di barantas ku urang sadaya, lain wae
ku pihak pamarentahan.
- Alatan eta Pemda Cianjur aya maksud ngabarantasna ku
jalan nerapkeun Syariat Islam.
o Bahasan :
- Tina hal di luhur, dina hal niatan rek nerapkeun
ajaran/syariat islam ceuk kuring mah hade, margi
sajalan + ajaran Islam. Ngan dina prak-prakanna, kudu
taliti sing ati-ati; di antarana ulah kaliwat
dikaitkeun jeung hukum nagara, naha bakal aya benturan
atawa henteu, margi salian ti Islam teh seueur oge anu
non-muslim (Kristen, Hindu, Budha), anu mungkin bakal
aya panolakan ti maranehannana. Ku kituna, samemeh
dilaksanakan kudu di"sosialisasi"keun heula ka sakabeh
rahayat di Cianjur, lain teu gugur teu angin,
prak-prak wae dilakukeun, atuh meureun rahayat loba nu
rareuwaseun + geumpeuran, tungtungn panyakit jantungan
+ nebar protes.
- Soal kagiatan budaya kuduna dipisahkeun tina agama.
Dina hal ieu aya kawajiban para alim ulama pikeun mere
"penjelasan" anu sajelas-jelasna ka sakabeh rahayat,
mana-mana nu masih keneh diwenangkeun ku agama dina
ngalaksanakeun kagiatan budaya. Contona ngayakeun
hiburan "wayang golek" ceuk kuring mah teu kaasup
musyrik, margi urang lain rek nyembah golek, tapi
hiburan, malahan eusina sapertos nu biasa dilakukeun
ku Kang Asep Sunarya, seueur pisan da'wah Islamna.
Mungkin anu ulah (teu meunang dilakukeun) teh samemeh
ngayakeun hiburan golek, urang nyadiakeun kadaharan
sesembaheun kanggo karuhun atawa anu ngageugeuh di
hiji tempat. Tah eta mah mungkin kaasup musyrik.
Anging Gusti Alloh anu uninga ka sadaya lebeting ati
hambana nu teu dikedalkeun.
Kitu manawi kang Gun. Da ari dina bag-bagan agama mah
sabenerna Kang Gunawan langkung uninga tibatan
simkuring, mungkin pangaweruh kuring mah moal
jere-jerena acan.

Baktos
Jaka

--- GUNAWAN YUSUF <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Tah saupami, perkasis kamaksiatan teu tiasa
> "ngavonis"
> salah pemda, kitu oge perkawis kuda kosong,
> sakedahna
> bupati, kedah maparkeun dimana lepatna budaya ieu,
> margina seueur budaya urang nu sapertos kitu,
> sapertos
> debus, golek, jrrd, komo deui di Banten mah seueur
> budaya nu sajinis kitu, ayeuna naha urang heunteu
> inggis ku icalna debus, golek, jrrd ?. Mulih deui
> kana
> kuda kosong tea, ceuk abdi eta mah gumantung kana
> urang masing-masing, da dina Al Quran oge
> dijentrekeun
>  kumaha Nabi Sulaeman, marentahkeun jin keur
> mindahkeun istana, ngalihkeun singgasana, malihan
> mah
> jin oge ku Nabi Sulaeman diparentah ngadamel Istana,
> tah ieu mah mung ukur kanggo hiburan hungkul tos
> disebat musrik, sayaktosna budaya ieu teh keur
> nanjeurkeun siar Islam oge, da sagalarupaning-na oge
> gumantung kana kakuasaan Allah swt, atanapi sim
> kuring
> nu teu acan uninga kana tata cara budaya kuda
> kosong,
> mangga dipedar heula.
> wassalam
>


                
__________________________________________ 
Yahoo! DSL – Something to write home about. 
Just $16.99/mo. or less. 
dsl.yahoo.com 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a difference. Find and fund world-changing projects at GlobalGiving.
http://us.click.yahoo.com/vlzMKB/PbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke