Haturan oge Teh Ipeut.
 
Sok atuh,   iraha nya tiasa patepung.....
Sumuhun ah,  engke bade nyobian jalan-jalan ka Ketintang Selatan... (saur Kang Tito mah caket Injoko-nya? )
 
Tiap dinten ti tabuh 07.30 dugi ka 17.00  sim kuring aya dipayuneun komputer.  Mung kadang-kadang muka email di milis US..... he..he..he...
 
HP na mah,  di Japri bae nya...
 
 
 
----- Original Message -----
Sent: Thursday, December 01, 2005 9:20 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Hoyong Kenalan

Haturan kang Fathoni, kumaha damang..?
Iraha atuh bade kongres teh...? teteh tos aya di Sby deui....
Sok, ah acarakeun.
Perkawis anu icalan, karedok, lotek, bubur ayam mah, mangga wae kang Toni, kadieu, alamatna di Jl Ketintang Selatan, eta warung urang sunda pituin, sagala aya kang...!
Kapungkur nyatet no HP, mung ical. Tah ayeuna mah tiasa di catet deui nomor HP akang sabaraha..? punten waenya, nuhun.
 
teh tien

Fathoni_Injaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sorabi ?
 
Di Surabaya mah teu aya kang........,  komo di tempat sim kuring mah di Sidoarjo.....
 
cik aya baraya Sidoarjo anu tiasa masihan inpormasi tempat anu ngical karedok, lotek jsb.
 
 
nuhun
 
 
 
 
----- Original Message -----
From: kang boim
Sent: Thursday, December 01, 2005 3:28 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Hoyong Kenalan

Ki kuncen karamat...,
cikan lamun eta tulisan di leutikan hurupna sigana endah nya..., da baraya ge masih keneh kabacaeun jigana mah....heheh. (punten ah...)

Cag...ah, nuhun.

"kudjangs"
-di  Bandung ge tukang sorabi mah masih aya, boh anu tradisional atawa anu geus modern (anu geus loba rasana...)

On 12/1/05, tarawadul tarawadul < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
TAYA DEUI SORABI ANU ENAK ETATEH AYANA DI ALUN ALUN CIAMIS BUKANA JAM 17.30 WAKTU CIAMIS...DIDINYA KUMPLIT SARENG GORENGAN KACANG, BALA-BALA, BAJIGUR AYA, LAH POKONA SAGALA AYA.

  SAKANYAHO KURING DI JAKARTA NU AYA SURABI DI PERUMAHAN HARAPAN INDAH JALAN ANU KA PONDOK UNGU , TERAS DI PONDOK KOPI PAYUNIN TUKANG JAHIT, DI PIK (PERKAMPUNGAN INDUSTRI KECIL GE AYA SURABI.

  SAKITU INFO TI ABDI
  CAG
  KUNCEN KARAMAT



Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to