----- Original Message -----
Sent: Thursday, December 08, 2005 11:06
AM
Subject: [Urang Sunda] Serat Waleran
Ka-2
Salam kasono ti
pangumbaraan,
Dibujeng enggalna bae, serat
salira tos katampi dinten kamari dina mangsa srangenge tos tunggang gedong,
enya sanes tunggang gunung da didieu mah teu aya gunung. Tos nyampak
diluhureun golodog, karasana haneut keneh panginten can lami aya didinya.
Barang bray teh dibuka, hate ngaleketey, paingan atuh didago dago
dugikeun ka panjang gado, diantos antos dugikeun kanyeri beuheung sosonggetan,
serat teh teu aya waleran wae, sihoreng salira teh nembe kenging dodoja.
Syukur atuh tos sehat deui mah, da eta anu disuhunkeun siang sinareng
wengi.
Ayeuna mah teu kedah seueur
emutan, aluk mah sing seueur ngadu'a, pamugi cita-cita urang sing enggal
kahontal sareng sing enggal tinekanan. Teu kedah ringrang komo deui cangcaya
da akang mah estu tigin kana jangji, moal udar tina tali gadang, moal luntur
kaibunan, moal gedag kaanginan, sumawona belang kabulaoan, estu nyacas
salawasna. Deneng eta aya cariosan anu matak helok dina seratan anu atos atos,
eta mah mung ukur ngadoja, naha salira bakal ngolembar kuayanana cariosan eta.
Tapi nyatana, geuning matak pikabingaheun, matak pikareueuseun, henteu
melengkung bekas nyalahan, milih salira.
Hatur nuhun, geuning salira
teh teu kabengbat ku harta, sanaos ATM akang tos lami dikeukeuweuk salira, da
akang ge saratus persen percaya, ketresna tanpa harta moal bisa walakaya.
Punten ieu mah sanes ngungkit ngungkit anu tos kalangkung, mangga we etang
salami urang hahadean kirang langkung tujuh taun, pan mahugi pulsa elektronik
ge pami dipeserkeun ka sawah mah panginten tos aya sahektareun. Atuh mangga we
etang, tos sabaraha amplop kanggo nyogok si abah, supados waktos apel
diperpanjang dugikeun ka janari. Punten sanes perhetangan, da dugi
ngabelaan ngumbara ka lembur batur ge da kanggo saha deui, kanggo salira ku
anjen. Tong boroning eta, sanaos banda akang anu ngan hiji hijina ge, upami
tos lugina mah kanggo saha deui, bade dicoo salamina ge mangga teh teuing rido
we nu aya.
Moal panjang lebar, komo
panjang ageung mah da nu panjang ageung mah tos muklis milik salira. Sakitu nu
kapihatur,ditutup kupidu'a mugia salamina urang aya dina kawilujengan. Amin
!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS