Sippp pami kitu mah......
Eta cenah saurna mah maena filmna dihayati pisan, mung hanjakal teu acan tiasa lebet panasonic Award, yambung teu nya, hahahaha.....
 
Teu kedah isin kang, teu kengiing sieun di carekan, bruk brak bae, pan lami2 oge jago, pan saur kang Rafly oge kapungkur kmh? saurna pan pami teras di ajar mah lami2 janten tiasa. Da, salersna mah abdi oge sami nuju diajar keneh, ieu oge karedok leunca (alim ah gado2 mah, he...he..). Pan eta dina milis rame perkawis basa sunda hese henteuna. Pan pami urang bisa sareng ngabiasakeun nyarios sunda, panginten insya Alloh lami2 mah lancar.
 
Oh...muhun ngiringan diajar janten panitia HBH KUSnet, lumayan lah nambihan pangalaman. Nambihan wargi jrrd.
Ah saur saha panitia janten perhatosan anu hadir ? Sami wae, justru anu janten perhatian anu nari, nyuling+ngacapi, karokean, pan ditingalian teras, he....he....
 
Tah pami aya anu kauseup atanapi magol/nyangkut eta mah duka tah, kedah dipikiran deui eta mah, hahahahaha......bisi nyalahan bisi meleset.
 
Sipp lah....mangga atuh ramekeun deui ieu rohangan aheng teh kang Rafly.....


 
On 12/8/05, Miih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
alim atuh kang meni burahay beureum mah meureun wajah cepot nya, syukur lah anu aya atuh mun akang aktif diieu milis mah, abdi mah jarang lulumpatan didieu teh rada sibuk maklum lah jadi peran pembantu anu sok diperintah ku sakadang boss he...he...
 
punten we abdi rada jarang tampil, tapi mun noongan mah sering....rada isin akang pan bhs sunda abdi mah mirip gado2, teu jiga bahasa sunda kang Runa anu lemes jeng enak untuk dingar dan dibaca..
kamari basa HBH kang Runa jadi panitia, biasana ai panitia mah bahan perhatian anu hadir he..he..
pasti aya anu herang meureun anu nyangkut dina hate...
 
mangga kang Runa hatur nuhun pisan nya,...
-----Original Message-----
From: Runa Inawan [mailto: [EMAIL PROTECTED]]
Sent: Thursday, December 08, 2005 12:27 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Spam:Re: Spam:Re: [Urang Sunda] Neupangkeun..............
 
Alhamdulillah kang Rafli alias kang Miih dugi ka danget ayeuna mah aya dina ginanjar kartasasmita, aeh lepat, he...he...aya dina ginanjang kawilujengan maksadna teh.
Kumaha sawangsulna Kang Rafly teh, kamana wae tara lulumpatan deui geuningan dina ieu rohangan aheng teh ? Boa-boa tos kenging kikideuwan nya? tos kenging burahay beureum sareng hejo tur herang ngagenclang, hahahaha.....
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to