Assalaamu'alaikum wr.wb.
 
Wilujeng enjing ka sadayana wargi KUSNET
Kumaha daramang?
Sonooooooo yeuh......
 
Sim kuring alhamdulillah dina danget ieu sehat walafiat. Salami opat dinten ti Senen dugi ka Kemis kamari ngiringan Intenational Conference on Science and Mathematics Education di Penang. Waktos presentasi bari ditembongkeun foto-foto baduy sareng Ciptagelar. Sambutan peserta nu ngabandungan sae pisan.
 
Dinten Rebo peserta dicandak ka Museum Universiti Sains Malaysia. Geuning ... disuguhan video mahasiswa USM nu nuju nabeuh gamelan Jawa. Malih USM saurna tos gagaleuh satu perangkat gamelan Jawa.
Aya rupi-rupi rebab, rupi-rupi wayang ti kawit wayang melayu, wayang kulit, wayang golek, nyaan batur mani nghargaan pisan kana barang-barang seni teh. Na ari ditelek-telek, euleuh wayang golekna tos ......... butut acukna. Mun abdi kaleresan ngabantun wayang golek suvenir ti Cupumanik sigana bakal langsung dipasihkeun tah ka museum. Da bujeng-bujeng emut ka souvenir, biasa riweuh ari bade mios teh, tos pesen batik ti Yogya ge, ehhhh kaselip di lab. lapuuuurrr teu kabantun ka Penang.
Salami konferensi sim kuring nganggo batik. Saur urang Malaysia:"Bajunya cantiiikk". Engke ge pami diparengkeun ngiring konferensi deui, hoyong nganggo batik Garut ah hehehe ....... saha nu bade janten sponsor??? Meh bari promosi batik Jawa Barat nya
Ssstt tos heula nya, abdi tos bade dijajap ka bandara bade wangsul ka Medan.
 
Salam baktos ka sadayana
Wilujeng ka nu nembe ngariung di lembur KUSNET.
 
Wasalam,
Ely Djulia

 


Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke