cikan ngajaran.. (bari hayang seuri)
--------------------------------------------------------------------

Kahatur Engkang di Tatar Sunda

Kang, kuring nguping yen Engkang lalagasan keneh. Eta ge aya harewos 
bojong nu nyebatkeun Engkang tacan gaduh bebene. Abdi aya nu 
ngawartosan alamat multiply Engkang, tamba panasaran, geuning Engkang 
teh kasep. Kumargi kitu, asa katarik ati, kapentrang asmara, keun bae 
najan Engkang jeung abdi teu acan kantos patepang oge. Mung ieu mah 
saukur ngedalkeun rasa katresna abdi ka Engkang. Ku ngan ukur ningal 
dina multiply, poto-poto Engkang, artikel nu diserat ku Engkang, abdi 
janten kataji. Aya geuning pameget nu sapertos Engkang, nu keur soleh 
teh, pinter sareng bageur. Asa kagunturan madu kaurugan menyan putih, 
mun seug Engkang ngawaler ieu serat. Komo Engkang oge sami-sami 
nyimpen rasa nu matak nyugemakeun hate abdi.

Peryogi kauninga, abdi nyerat teh bari ningal pameunteu Engkang dina 
multiply. Aya ku bagja, mung ukur ningal raray najan dina monitor oge.

Diantos waleran seratna.

Abdi nu nganti-nganti di pangumbaraan,

Nyai 





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a difference. Find and fund world-changing projects at GlobalGiving.
http://us.click.yahoo.com/vlzMKB/PbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke