Sampurasun.....

Dunia pesantren kiwari keur disorot ti ditu ti dieu, jero jeung luar
nagri. Persoalan klasikna di tatar Sunda anu nyebut pasantren anti
budaya lokal, anti kamoderenan, pasantren teu paduli masalah sosial
(ekslusif), kiwari disebut sayang teroris, jeung rea-rea deui.
Jasa-jasa pasantren dina perjoangan ngamerdekakeun, nyerdaskeun
masyarakat jeung bangsa, ngabina jeung sabage pilar moralitas
bangsa….. jeung anu lianna, kiwari geus lantis….teu nyesa
saeutik-eutik acan. Nagara kiwari leuwih percaya kana omongan Politisi
luar nagri (US) tibatan ka pihak Pasantren….(Republika, Resonansi:
Malaikat dan Tragedi Sidik Jari ).

Dina perkara hubungan pasantren jeung budaya (khususna basa) lokal,
Sunda, ceuk rarasaan, kuring wani tarohan, yen hiji-hijina lembaga
pendidikan anu masih konsisten ngangge basa pengantar ku basa Sunda
ngan ukur di pasantren, khususna pasantren "tradisional",
dipilemburan. Ngan hanjakal teu pati dipalire ku para inohong Sunda.
Babalikan dipalire malah teu arang dituduh sabage komunitas anu maehan
budaya Sunda. Padahal teu saeutik budayawan jeung inohong Sunda anu
dididik sarta digedekun di Pasantren….

Pernah sim kuring ngobrol perkara kabudayaan (kasenian) Sunda jeung
hiji Ajengan anom (sesepuh pasantren) teu jauh ti lembur kuring di
Garut. Jawabanana mah memang klasik, masalah dana. Anjeuna nyangeum
yen lain teu hayang jeung lain ngalarang, ngan timana waragadna jeung
saha anu daek ngalatihna? Padahal kuring oge (saur eta Anjengan) osok
jeung resep ngadengekeun wayang tina radio, atawa pintonan wayang di
TV… Atuh lamun hariringan lain lagu2 dangdut lain lagu2 nasional lain
oge lagu2 barat, lain oge lagu2 Arab tapi nya hariring lagu-lagu
Sunda….. Dalah pupujian anu dipake jeung sok dihaleungkeun dina speker
masjid oge mangrupa pantun2 Sunda…. Jadi lamun aya anu nyebutkeun
Pasantren anti budaya Sunda teh eta mah anu teu apal bae kana
kahirupan pasantren…..

Atuh cenah, aya anu nyebutkeun yen Pasantren ngagede-gedekeun budaya
Arab….ceuk rarasaan asa loba keneh pangaruh Hindu-Budha anu mangaruhan
budaya Sunda mah lain budaya Arab. Da, piraku ari Adzan, Shalat jeung
ritual-ibadah kudu make basa Sunda mah…?? Lamun kudu bae, ceuk
rarasaan eta tuntutan teh kaleuleuwihi…. Atuh cenah kitab anu dibaca
oge tina kitab anu make basa Arab? Nya kudu make kitab naon atuh? Da
anu make baa Sunda mah euweuh, arang langka. Sabab, lolobana kitab anu
ditulis kuurang Sundana oge ditulis waktu di Arab, jeung bahasa Elmu
kaislaman di Dunia Islam nya basa Arab. Lian ti eta dina make bahasa
Arabna oge di pasantren lain dina raraga atawa maksud ngawilah-wilah
bahasa Sunda..!!!!

Eta obrolan sim kuring jeung Ajengan mangrupa intina…., rea hal lian
anu diobrolkeun ku Ajengan ngeunaan budaya Sunda…. Ngeunaan tuduhan
yen Pasantren sabage komunitas anu ngaruksak budaya Sunda, eta
Ajeungan nyebutkeun kieu: Sim kuring mah moal kapangaruhan jeung
mikiran eta tuduhan..!! dipikiran oge kalah matak butak….(majar teh).
Trus, ku simkuring ditanya, sayagi teu lamun pasantren diundang dina
gempungan basa Sunda? Jawab eta Ajeungan naha make teu siap? Da kuring
oge urang Sunda…., teu pernah ngaku-ngaku sabage urang Arab, da ngimpi
oge masih keneh make basa Sunda… Ngan nya ari euweuh anu ngundang mah
meanya kudu nyogrog-nyogrog karep, dan urang Sunda mah taraieuh
nyogrog-nyogrog karep, sanajan enya oge boga kabisa….. Lian ti eta dan
teu ngarumasakeun sabage inohong Sunda.... kuring mah ngan saukur
somah, jalma biasa.....

Eta obrolan teh sababaraha taun ka tukang basa sim kuring keur
penelitian Tesis ngeunaan papandang K.H. Hasan Mustapa.

AG/Bdg...





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/cRr2eB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke