On 12/13/05, joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Aya henteu kecap : saranggeum = sakeupeul.
Cing saha anu pernah ngageugeus ? Ayeuna jiga jarang
pisan aya pare anu dibuatna ku etem, ditalian
sapocong-sapocong, dipoe geus garing terus digeugeus,
terus disimpen di lumbung. Butuh beas, pare ditutu
dina jubleg atawa lisung terus ditapian. Samemeh
disangu, diisikan heula. Nyanguna beas diseupan dina
aseupan (make seeng, suluhn aku kai/kayu), terus
diarih dina dulang, sanggeus asak diakeul,
dibulak-balik ku centong bari digeberan ku hihid,
terus diasupkeun ka boboko.
Jaka
Ari keur leutik mah (tengah-ahir taun 80-an) masih kaalaman ningali panen make etem. ngan jigana mah geus punah étém ti lembur kuring ayeuna mah. patani leuwih resepeun di geubug.
Sok resep ari milu panen teh, waas ku dahar beurangna. asa ku nikmat. bari jeung sok nyieun empét-empétan tina jarami. ngan ayeuna mah tinggal waasna wungkul. geus euweuh waktu bari jauh ka sawahna.
di lembur kuring, masih sok rajeun aya jalma nu make lisung jeung halu pikeun nutu bangsal jadi beas. ema kuring ge lamun sakalina hayang beas beureum meunang nutu sok nitahan ka maranehna. ngasakan beas jadi kejo oge masih loba nu make hawu, seeng jeung aseupan, dikarih dina dulang, diakeul digeberan hihid, diwadahan kana boboko. rasa sanguna rada beda dibanding lamun diasakan make kompor dina langseng, asa leuwih 'garing' mun tina hawu mah. seungitna oge beda sok rada kaangseu bau haseup suluh. komo mun dibandingkeun jeung sangu menang tina rice cooker atawa magic jar mah, jauh pisan bedana.
***
jadi sok inget, lamun beres ngakeul, indung kuring sok nyesakeun sabagian sanguna dina dulang. tuluy ngarendos bawang beureum, bawang bodas, jeung uyah 9asanamah sok ditambah cikur saeutik). geus lemes ditambahan ku opak meunang meuleum, tuluy direndos deui siopak jeung bungbu teh. geus kitu dicampurkeun kanu sangu anyar ngakeul tea. jadi tutug opak, karesep he he he (komo make opak situraja mah beu tambah pelem lah)
::dh::
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

