Terlepas ti leres sareng henteuna jalan nu dipilih ku Alm. Salik Firdaus ti Cikijing - Majalengka. sim kuring salaku urang Majalengka ngaraos aneh jeung teu satuju ka tindakan Bupati Majalengka nu ngalarang Alm. Salik dimakamkeun di kampung halamanna.Na bet kitu-kitu teuing Bupati teh. Nu sejen oge ditarima di Kampung halamanna teh, na ieu meni kudu ulah????Kanggo Pemkab Majalengka, khususna ka Ibu Tuti, mugi tiasa misahkeun antara kebijakan pemerintah jeung pendapat pribadi. Alasan sieun Majalengka dicap daerah teroris, asa teu masuk akal. jeung dijieun-jieun teuing. asa piraku Ibu anu tos S-2 gaduh pola pikir sempit sapertos kitu.Penegakan Hak Azasi Manusia nu digembar-gemborkeun teh ngan wacana bae. Piraku nu parantos ngantunkeun proses pemakamanna dipersulit, sampe dilarang masuk ka Majalengka sagala??? Eta penegakan Hak Azasi teh???Upami tindakan Alm. Salik dianggap salah, nya teu nanaon da pandangan masyarakat umum emang kitu, tapi ari pami tos maot mah ulah kitu atuh, kudu aya etikana ka jenazah oge. Sanes kitu???Rada telat oge teu nanaon lah... Nembe mendakan forum nu tiasa dianggo muat tulisan ieu.Hapunten sateuacannaCacah biasa ti Malang
Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

