punten, rada ngalih obrolan teh reka. ieu
mah ngeunaan karesikan singapura (ti nuju abdi alit tos kawentar pisan). sanes
bade ngupat atanapi ngaleupeut (eh. maksad teh ghibah ieu mah). basa
abdi sasih juni 2005 kamari wangsul ti vietnam, transit di Changi Singapura anu
saurna raresik (ti nuju abdi alit tos kawentar kitu). pas abdi lebet ka
toilet. eh, katingal kloset teh kotor sareng aya --punten-- "pembalut" di
lebetna. kaget pisan. langsung abdi kaluar deui da kaambung oge anu teu
pararuguh (sapertos di MCK umum di urang). langsung ngagubrag sapada harita
image singapur (utamina changi) dina lelembutan
sim kuring.
kapungkur kantos aya seratan dina mangle
"resik tapi haseum budi" ngeunaan singapura. eta judul ngadadak hoyong digentos
ku abdi mah janten "resik tapi haseum.... " (punten, heureuy)
dudin
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
|
- Re: Balasan: [Urang Sunda] Kursus di Malaysia-MH DSW
- RE: Balasan: [Urang Sunda] Kursus di Malaysia-MH Waluya, Dani R