Sim kuring boga kabiasaan goreng nu rada aheng, anehna deuih, hese pisan hayang ngeureunanna teh. Hobi sim kuring nyaeta; ngaheureuyan jelema borangan. Saha bae jelemana, lamun kuring apal manehna borangan, sok tuluy 'ateul' hayang ngaheureuyan. Rupa-rupa kalakuan kuring ngaheureuyan jelema borangan teh, nyieun popocongan tina guguling jeung mukena mah, jadi 'jurig hulu' mah, make telepon mah, ah rupa-rupa we.
Ngan...nyeta, mungguh Gusti ALLAH mah Maha Adil, tiap-tiap ngaheureuyan nu borangan teh pasti we aya wawalesna. Wawalesna rada aheng deuih, kuring diheureuyan ku jurig nyaan!!! Rupa-rupa nu ngaheureuyanna teh deuih, nu pikasieuneun mah, nu pikagilaeun mah, nu pikasebeleun mah, malah mah nu matak bogoh ge kungsi. Nu terakhir disebutkeun mah kuring moal nolak mun diheureuyan deui ku nu kitu mah....emh Gusti, eta dadamelan Anjeun, meuni endah kitu :) Dian Satrowardoyo wae mah lewat atuh......:D Hanjakal we....beda 'species', mun heunteu mah......;) Tapi kuring yakin yen nu ngaheureuyan teh bangsa Jin, lain jurig. Sarua deuih nya, nu kitu ge raresep heureuy, sakapeung mah sok leuwih lengger heureuyna teh. Sakali mangsa mah, keur tibra - tibrana sare, suku kuring sabeulah aya nu ngajungjungkeun. Barang beunta, suku kuring dibeubeutkeun, jeduk weh keuneung kuring diadu kana tungtung ranjang. Linu tah karasana, ari nyeri mah heunteu, nyeri keneh hate kuring nu ngarasa kaganggu. Saha nu teu nyeri hate atuh, keur tibra aya nu ngaheureuyan? Jaba teu katempo saha-sahana mangkeluk nu ngaheureuyan teh. Tapi tetep, kuring teu bisa ngeureunan kabiasaan kuring. Nu aya mah....kalah beuki angot. __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help the victims of the Pakistan/India earthquake rebuild their lives. http://us.click.yahoo.com/it0YpD/leGMAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

