kang Dede,
 
nu jiga aseupan kuring mah nyebutna teh gn Manyeti, tapi duka ketang eta gunung nu sami atanapi benten.
 
di wado mah seueur gn nu tos barotak, ngan geuning hese bade di hejokeun teh, saurna mah da tos gaduh pribadi eta mah. mung nu gaduhna tebih malih mah tara ieuh ngalongok, dilur jeunkeun we.
 
kamari aya beja lembur (khususna gn barotak) baris di hejokeun. tapi dugi ka danget ayeuna teu aya realisasina hiji2 acan. ngan ukur aya plangna wungkul.
 
****
lembur mah di banjarasih desa sarimekar, tatanggana tarikolot palih wetan. upami akang pernah nonton kejurda motokross taun 2001, tah eta di lembur kuring 
 
salam,
 
:::dh:::
 
On 12/16/05, Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Dudi,
Sok kataji kuring ningali gunung Aseupan ti pasawahan lembur kuring Cibungur-Darmaraja. Meureun caket lembur kang Dudi nya? Bentukna siga pisan Aseupan anu ditangkubkeun. Teu gede teuing.....
Kapungkur mah (waktos kuring alit keneh) gunung Aseupan teh munel ku tatangkala kaciri ku kuring, sanajan leutik gunung teh tapi katenjona ombak banyu nandakeun tingrunggunukna tatangkalan. Estuning matak endah jeung kelar komo mun disawang ti kajauhan. Boh beurang atawan peuting, komo mun peuting tingkarelip lampu-lampu mun aya mobil ngaliwat. Waas komo caang bulan opat welas.
Ayeuna Gunung Aseupan teh ngaleutikan, beuki beke jeung sawareh tatangkalanana laleungitan? Malahan mah geus gundul jigana teh. Duh...sedih teh, batur kuring anu ngabaturan kuring mangsa keur ololeho, keur ngurek, ngangon domba boh nyawang alam padesaan, geus teu menyat deui siga nu keur gering.
Terang Gunung Aseupan teu kang Dudi pan aya dina foto-foto akang.....
Sok resep upami abdi bade ngalongok mertua-na pun lanceuk di Talaga, jalan-na ngalangkungan Wado-jati nunggal teras ka Lemahputih-Talaga. Asa ditabeuhan lagu-lagu Sunda anu mapaes luak leokna  jalan, asa ditabeuhan oge ku sora Nining Meida, Hetty Koes Endang jeung Andrea Bocelli (sanajan urang Italy tapi laguna lagu pilemburan-Mellodramma).
Palih mana jatinunggalna kang? Abdi pernah jalan-jalan ka tonggoheun Tarikolot ...duka naon nami lemburna?
hatur nuhun...
DS 
 
 
  

Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kang syam, halah euy leuwih wado ti kuring geuning ha ha ha ha...
 
kuring pernah nimu, mun teu salah WADO hartina pangagung leutik baheula satingkat jeung cutak (camat?)
 
enya di wado mah nepi ka taun 1998 can bogaeun sma (sekolah menengah atas). ari nu satingkat mah aya, madrasah aliyah di desa pawenang. inget ka pawenang teh sok inget carita keur smp, da geus katelah urang dinya mah sok ngajegeran di unggal kelas :D
 
Kacamatan wado oge kawentar ku gula beureum tina lahang kawung. beda jeung gula ti situraja, nu ganduanna laleutik, gula wado mah ganduanna gede pisan, ampir sagede-gede piring. lolobana nu nyieun jeung dagang gula ti daerah pagunungan wado kidul. diantarana desa ciwalur (atawa kampung nya? poho)
 
wado ge kakoncara ku gorowokna, Gorowok Wado ceunah :D
 
sakitu,
 
::dh::
urut urang wado, ayeuna urang jatinunggal
 
On 12/15/05, syam ridwan <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
Da saenyana atuh, Wado teh leuwih sohor tibatan Sumedangna, padahal Wado teh ngan saukur kota kacamatan 30 km arah ngetan ti dayeuh Sumedang. Matak kitu ge meureun bubuhan mindeng kasebut ku media utamana lamun keur usum mudik lebaran da kaasup jalur alternatif tea. Atuh salian ti eta Wado teh kaasup trayek pangtungtungna di wewengkon Sumedang tatar wetan mah. Saperti halna di Majalengka, daerah Cikijing ,Rajagaluh jeung Bantarujeg leuwih ngetop tibatan Majalengkana. Komo di terminal Bekasih mah ngaran Wado teh geus teu bireuk deui, mun nyebutkeun Wado pasti para calo nuduhkeun kahiji beus tilu parapat anu boga merek "Andawuri" atawa Purbaya, hiji beus anu kelirna panglobana. Kaayeunakeun aya oge beus nu trayekna sarua nyaeta Medal Sekarwangi atawa leuwih dikenal MS, atuh mun di terminal Cikarang beus nu jurusan Wado teh  Widia atawa Citra Raya.
 
Ceuk siaki basa ngadongeng tutumpakan jaman baheula, mangsa taun genep puluhan tug ka taun tujuh puluhan, aya oge beus jurusan Wado ka Bandungkeun, ngaran beusna "Gumbira" jeung "Nasional" indit ti Wado atawa ti Darmaraja kira kira jam tilu janari. Kawantu jalan ti Wado ka dayeuh Sumedang masih keneh taringgul kubatu sagede gede kalapa,kitu deui kaayaan beusna nu kudu diinuman wae saban manggih tanjakan atawa mun geus nempuh jarak sakilo, atuh Wado Bandung teh bisa meakeun sapoe sapeuting. Ongkosna harita kurang leuwih 3 ketip saurang, kaasup ongkos bahasi sadengkekna, 3 ketip teh harita sabanding jeung sakintal pareeun. 
 
Sabada usum repormasi, kacamatan Wado dimekarkeun jadi dua kacamatan nyaeta kacamatan Jatinunggal jeung kacamatan Wado. Wilayahna ge jadi ngaheureutan untung desa Cisurat pepegatan jeung kacamatan Darmaraja, nya ahirna ngilu ka kacamatan Wado, kituna mah pantes da desa Cisurat teh lokasina leuwih deukeut ka Wado tibatan ka Darmaraja. Taun dalapan puluhan,harita sakola SMA ngan hiji hijina nu aya dipuser dayeuh Sumedang , nya harita sok loba nu ngomong kieu " Jauh jauh teuing sakola SMA mah pan di Wado aya !" da enya harita mah mun hayang neruskeun ka slta teh kudu indekos ka Sumedang. Sihoreng nu dimaksud SMA nu aya di Wado teh Sekolah Membuat Aci alias pabrik aci kawas nu aya di Ganeas tea. Ngan hanjakal pabrik aci teh kiwari ngan tinggal ruruntukna, cenah mah alatan bahan baku langka, da eta atuh alatan sarerea resep ngabarubuyna wungkul, ari melakna mah ngaredul.
 
Aya nu teu laas di Wado teh tibaheula nepi ka ayeuna tetep we aya nyaeta tempat pamepehan beusi atawa sok disebut panday beusi, anu pernahna sisi walungan Cimanuk pisan persis jambatan, mun arah ti Sumedang mah ayana kencaeun jalan. Teu jauh tidinya mun ningali ka sebrangeun Cimanuk atawa nu sok disebut nusa tea , aya benteng ruruntuk jaman soldadu walanda jeung jepang. Atuh digirangeun sasak taringgul tutunggul kuburan cenah mah baheula kungsi kajadian, loba nu palastra alatan diserang musuh. Baheula walungan Cimanuk anu jadi dua aliran teh, keur jaman kadipatian sok ngahaja diparak biasana diayakeunana lamun keur aya acara seren taun anu kaparengan waktuna sok mareng keur usum halodo.
 
Di Wado oge aya pamancar radio amatiran nu katelah "Tumaritis FM" lumayan mun pasosore sok aya dongeng enteng pasosore, atuh mun hayang mundut lagu waragadna ngan ukur 500 perak sakali mundut, bisa sunggal senggol dina acara gentra pasundan anu midangkeun lagu lagu kasundaan. Asa kurang afdol mun ngagodeng wewengkon Sumedang teu kumplit jeung ngaguar tahuna. Di Wado ge aya tahu nu ka sohor ngarana tahu Bunter anu pernahna lebah tanjakan Cae-Cikareo, atawa tahu "nusasari" persisna di wewengkon prancis, parapatan Cisurat. Nu can kapanggih nepi kaayeuna naon hartina Wado teh, da pirajeunan di search diinternet mah geuning  Wado teh basa jepang,sigana sabangsaning silat atawa taekwondo. Bilih aya urang Wado pituin didieu panginten aya nu terang silsilahna, atanapi bade neraskeun ngadongeng bilih dina dadaran ieu aya nu kirang atanapi nu lepat hapunten. SR




--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~deha.wordpress.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



 


Website :
http://jatigede.bravehost.com/

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS






--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~deha.wordpress.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke