Bah Willy, di Brunei oge Arab nu Ibnu Saud, sigana sami istilahna
Nepotisme. margi eta mah istilah bahasa inggris atawa sosiologi meureun.

mung margi niley nu diagem beda, di eta nagara mah nya nepotismeu teu
kalebet goreng. siga pelacur, di urang mah haram (sanajan aya). di Jepang
aya Geisha, kurang leuwih teu beda ti pelacur di urang, tapi halal da
budayana memang kitu, nganggap Geisha teh hiji padamelan mulia.

di nagara deungeun, nu buligir jeung paligir sami istilahna pornografi,
tapi aya da memang legal. majalahna dijual di toko. di urang mah henteu,
haram malah. heuheuheu...

kadang2 niley di urang oge robah, utamana nu patali jeung pulitik. PRD
asalna haram jaman HMS, aki eta turun, PRD jadi halal. hehe.

soal nagara eksperimen
sabenerna walanda kungsi mere opsi. negera federal tea. ngan harita bangsa
indo keur jatuh cinta kana istilah persatuan. kungsi ngadeg sababaraha
nagara bagean kaasup negara Pasundan, gubernurna mah menak Garut tea. tapi
disangkana pro Belanda. RI garita ibukotana Yogya (sabenerna bisa oge RI
teh Mataram. Nepi ka ayeuna federal jeung kesatuan ditempona teh siga
patojaiyah.

sanajan urang reueus sabab kamerdekaan teh ceuk cenah beunang ngarebut ti
penjajahan, lieur oge ngurusna. sabab nu ngaran ngarebut mah nya teu
puguh. ayeuna, loba keneh aturan hukum nu make warisan pamarentah
kolonial, kaasup Akte Kelahiran, sabab estuning ieu nagara teh dina
palebah eta mah, neruskeun pamarentah kolonial walanda.

Bung Karno kungsi nyieun ekperimen sagala rupa: demokrasi liberal, ngan
bangsa urang keur sumanget berjuangna katerusan, antukna kabinet tara
lila. ngan itungan bulan. terus demokrasi terpimpin tea, nasakom, jeung
saterusna. sipil hayeuh we berjuang teu puguh, sedeng militer mah bebenah.
jadi we militer (AD) bisa asup ka pulitik, sabab organisasina rapih da
cara komando tea.  oge ieu ciri khas nagara berkembang, militer boga
pangaruh kuat, sabab organisasina tea rapih.

Suharto teh salahna teu bebenah pikeun jangka panjang. antukna amburadul
deui sagala rupana. bisa jadi di urang nu mentalna feodal (rakyat hirup
dina mental karajaan) dipaksa kudu hirup di alam demokrasi. ongkoh da hese
mun kudu boga tokoh nasional nu baris jadi figur pemersatu. siga sultan
yogya pastina jadi figur eta pikeun urang jawa yogya atawa jawa raya. ari
di luar jawa saha?

asana nu aya ayeuna di urang teh oligarki. kakuasaan ngan aya di
sababaraha jelema wungkul di jakarta (kaasup aya di sultan yogya). siga
duit atawa pausahaan, ngarumpul di sababaraha konglomerat.

sabenerna otda rada mirip federal, tapi aya we panyakitna teh, cenah
bupati teh ngajanggelek jaradi raja leutik, aturan atawa pungutan beuki
loba, jeung saterusna" lain jadi leuwih gampang urusan, tapi nambah
riweuh.

aya hadena di urang teu pati loba nu hayang misah, ngan ditungtung
wungkul, bari alesanana mah sarua, soal kaadilan babagi duit. tatar sunda
we jadi wadal, da jakarta ayana di tatar sunda.

ah ngacapruk ieu mah...


-----------------
Ukuran nu disebat korupsi, kolusi sareng nepotisme (KKN) teh
benten-benten, teu sami di tiap masyarakat. Di nagara ARab Saudi
atanapi Brunei,sagala panghasilan nagara lebet kana "rekening"
raja. Raja anu ngatur mana nu keur anjeunna (+ kulawarga besarna)
jeung mana nu keur rakyat. Sultan Brunei kaasup jalma
pangbeungharna di dunya, kitu deui kulawarga karajaan Arab Saudi,
nu umumna lubak-libuk ku harta. Naha ieu disebat korupsi? Ceuk
urang Arab Saudi atanapi urang Brunei mah, meureun henteu, da
memang kontitusina kitu. Raja di Arab Saudi jeung di Brunei
ngangkat menteri atawa pejabat luhur sejenna sadayana kulawargana
(anak, adi, lanceuk, alo jst). Naha ieu lebet nepotisme? ....ceuk
urang ARab Saudi & Brunei mah meureun henteu, da ilaharna kitu.

Kumaha ari Raja di Nagara-nagara barat atawa di Jepang? baheulana
(200-300 taun katukang) mah memang kitu. Tapi lila-lila
kakawasaan raja, dileutikan tepi teu boga kawasa nanaon. Raja di
nagara-nagara eta ukur jadi lambang jeung "kaheureuyan" ngagosip
rakyatna. Raja teu bisa ngangkat Perdana-menteri, teu bisa
ngangkat menteri, komo bari ngumpulkeun panghasilan nagara mah.

Jadi, ceuk kuring mah, nu disebut KKN teh, timana heula
ningalina. Matak kuring mah teu bisa nyebutkeun aya korupsi di
jaman Mataram atawa jaman para "dalem". Da nu disebut korupsi mah
hiji ukuran atawa niley nu berkembang di jaman ayeuna, lain jaman
pangawasa "absolut" jaman baheula (ayeuna keur di ARab Saudi
jeung Brunei mah).

Baktos,

mj

http://geocities.com/mangjamal






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today!
http://us.click.yahoo.com/t7dfYD/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Reply via email to