Sampurasun,
 
Terang Milis ieu saatos maos Kompas kirang langkung dua minggu kapengker, ngenaan Flash Game damelan salah sawios inohong milis.
Punten nembe tiasa nepangkeun, abdi Darman, lahir ageung di Bandung, ari sepuh mah duanana kawit ti Garut (Malangbong/Cipendeuy), rorompok ayeuna di Pd. Cabe lebeut ka Kab. Tangerang Provinsi Banten, padamelan di Cikarang, ujung ka ujung siga Beus AKAP nya he he he.
 
Ngiring reeus tur bingah ku ayana paguyuban sapertos kieu.
 
Nyuhun pangapunteun upami  seeur kaleupatan dina cara nyeratna (geuning sesahnya)  atanapi basana rada garihal tong kirang-kirang ngahapunteun.
 
Hatur nuhun,
 
Darman


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke