Leres pisan kang Rachmat.
Nambihan sakedik : Kecap di Kadipaten cap Protet TTT
(Tjia Tjun Teng), dugi ka ayeuna masih aya (diolah
sacara tradisional). Di Majalengka kecap cap
Menjangan, duka ayeuna masih aya atanapi tos teu aya.
Di Kab. Majalengka, kapungkur mah aya 3 pabrik gula,
di Kadipaten, Jatiwangi + Jatitujuh. Nu di Kadipaten +
Jatiwangi tos tutup, duka tah nu di Jatitujuh.
Pabrik Genteng (Kenteng) seuseueurna di Jatiwangi
Majalengka.
Penduduk Majalengka ka palih kaler, diantawisna
Jatitujuh, Bantarwaru, Loji Kobong, Panongan +
Salawana, ka wetanna Bongas + Panjalin/Parapatan,
sabagian ngagunakeun basa Jawa Cirebon.

Jaka

--- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

> Kontribusi naon anu dimaksad?
> 
> Aya organisasi Persatuan Umat Islam (PUI) lahir taun
> 1930 an (pami teu lepat mah), anu kakoncara di jaman
> awal kemerdekaan mah, ngusahakeun sareng ngadegkeun
> sakola anu dadasarna kaislaman. Dugi ka ayeuna eta
> organissi masih aya, sok sanaos teu patos kapireng
> deui kiprahna. Aya Kiai Abdul Halim, anu ayeuna
> janten
> nami jalan utama di Majalengka, sareng anu masihan
> nami kuring ka pun bapa.
> 
> Aya pangarang Ayip Rosidi, elmuwan Ayat Rohaedi,aya
> Yogi Suardi Memet(manten mendagri), aya ahli Atom
> anu
> linggihna di Wina (sahanya  nami asli Kang Michael
> Ontohod teh?), aya Salik Firdaus. 
> 
> aya jenis hui boled (ti Maja) anu amis pisan, tapi
> teu
> aya di tempat sanes. Mung hanjakal teu di
> budidayakeun
> sareng teu dimasyarakatkeun. Aya kecap
> Majalengka/Kadipaten anu khas. Aya rangginang khas
> ti
> kadipaten, aya peuyeum ketan anu dibungkus ku daun
> jambu, Aya Oncom goreng ibu Entar, anu rasana rame
> (amis, asin, haseum). Aya jenis duren sinapeul (di
> Rajagaluh),aya batu ubin khas Majalengka (di Bobos,
> ti
> Gunung Kromong).
> 
> 
> baktos,
> 
> mrachmatrawyani
> 
> 
> --- Febby Fajrurrahman <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> 
> >     Ti sababaraha buku sejarah Jawa Barat (Sunda)
> nu
> > kantos dibaca ku simkuring, boh nu bahasa
> indonesia
>

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/f4eSOB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke