he...he....rarasaan mah tos kakirim nu ieu teh..... ari bieu muka draft geningan nyangsang didinya.. sugan teh di sent kituh,he..he.... puntyen telat deui MH...untung terang MH mah bageur sareng mirah pangampura he..he.. Haturan MH : deuh tos nincak patarosan anu ka-2 geningan....he..he... enya hasil salengkepna anu ka-1 diantos oge mang ... biasana MH mah lengkep salengkep2na midangkeun hasil na teh , ditambihan ku graphic na oge gera he..he....resep ninggalna jejerna mah masih ti tipayun panginten nya bahasa Sunda Hese tea, mung patarosan ka -2 na , naha Basa Sunda teh Penting atawa henteu?? walrenana ti sim kuring : Kuring Langsung wae ngawaler Saklek " BAHASA SUNDA PENTING jeung masih DIPERLUKEUN !" tangtos kanggo Urang Sunda sareng nu lain Urang Sunda oge nu hirup-hurip di tatar Sunda, keur barudak ngora na oge nu ngaku Urang Sunda mah PENTING oge ngarah nyaho kana purwadaksina, jeung asal-usul karuhun na.... lamun keur Urang salain ti Urang Sunda, tapi mukim atawa hirup di Tatar Sunda pentingna lebah komunikasi, lamun eta Pajabat, pan kudu ngarti kana naon anu dimaksud ku rahayat di Tatar Sunda, lamun eta jalma biasa na... nya kudu ngarti kana kahayang jeung tata-titi hirup di lingkungannana, sahenteuna ngarti kana adat US sabudeureunana. Bahasa Ciciren Bangsa(bangsa di urang seler tea meureun nya?!) , rek naon jadi na Urang Sunda engke kahareupna lamun Bahasa oge teu boga?(punah?)jadi teu boga ciri deui atuh,....keur mah atuh wangunan karaton karajaan teu aya, ngan saukur nu aya teh Prasasti-prasasti titinggalna Karajaan Sunda teh....(da' aya Candi nu langkung ageung oge geningan teu wae di gali, nu aya di Banten tea, padahal kapendakna teh ti jaman Suharto keneh [pami teu lepat mah]eta teh,duka naon alesanana? sigana mah klasik cenah soal dana , kanggo Urang sunda mah teu aya,kecuali kanggo nu sejen he..he..) balik deui ka pentingna Bahasa Sunda,...salain ti Ciciren Bangsa, oge masih bisa dipake alat komunikasi anu ampuh pisan,lamun papanggih jeung papada Urang Sunda di pangumbaraan (percanten, pasti sadayana ngaraoskeun hal Ieu)... biasana lamun nganggo bahasa Sunda dipangumbaraan jeung papada urang Sunda sok asa langkung loma, langkung akrab jeung batur anu kakara panggih oge, asal urang Sunda sok asa dulur deukeut ..(moal make paribasa ah, sieun salah deui )he..he... salain anu diluhur eta, bisa wae Bahasa Sunda jadi TEU (pati) PENTING, lamun ditilikna tina sababaraha hiji aspek, kahirupan secara Nasional atawa mungkin Global..,misalkeun: Teknologi,politik,NaKer, Jssb.......sabab urang masih aya keneh dina wuwungan NKRI anu miboga Bahasa Persatuan, nyaeta Bahasa Indonesia, sabab timimiti Bahasa Pendidikan di Sakola nepikeun ka Teknologi nu aya ayeuna di urang can aya nu make ngaran tina Bahasa Sunda,malah lolobana mah Bahasa Asing, Bahasa Inggris Amerika. sabab geus jadi Bahasa Internasional jeung sakabeh nagara2 sakuliah dunya oge keur nyinghareupan jaman globalisasi tea, da' maenya urang keukeuh nanya ka Dosen/guru di kelas ku bahasa Sunda, atawa hirup di Jakarta papanggih jeung seler sejen atanapi tatanya make Bahasa Sunda wae,pasti kudu make bahasa Persatuan kan?komo deui jeung urang Asing, seperti kuring nu hirup sapopoe pagiling gisik pahareup2 di kantor jeung Urang Asing,Pasti make Bahasa Internasional, najan kapaksa jeung dipaksakeun oge...ngan aya ketang untungna boga keneh Bahasa Daerah, lamun keur kukulutus murukusunu, ka urang Deungeun bisa make Bahasa Sunda...he..he.....ngarah teu ngalartieun... nya ari alusna mah bisa kabeh,Tina mimiti bahasa Sireum nepikeun ka Bahasa Rusia... ngarah tiap papanggih jeung Urang Mana wae jeung saha wae bisa ngobrol jeung Komunikasi...he..he.... Asyik jigana mah nya...!he..he... tos ah sakitu heula sok seueur nu nyawad lamun panjang teuing teh, cenah loba catur tanpa bukur..da' jeung enyana... ieu mah asal noroweco weeeee bubuhan MH nu narosna he...he.... -Toni Sofian- From: mh <[EMAIL PROTECTED]> on 12/19/2005 09:58 AM Sent by: [EMAIL PROTECTED] Please respond to gankleboy To: [EMAIL PROTECTED] kisunda <[email protected]> gankleboy <[EMAIL PROTECTED]> barayasunda <[email protected]> cc: cc: (bcc: Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC) bcc: Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC Fax to: Subject:[gankleboy] KUESIONER: Basa Sunda Penting? Baraya, Urang neruskeun deui kuesioner basa Sunda. Hehehe. Dua minggu katukang, rengse madungdengkeun perkara ieu: ari basa Sunda naha enya hese?. Respon ti baraya garis badagna mah, bisa dijadikeun dua bagian: basa lisan jeung basa tulisan. Hasil noong sementara, nu sok dianggap hese teh pangpangna basa lisan merenah jeung basa tulisan. Hasil salengkepna, engke urang dongengkeun. Ayeuna urang teruskeun, kana pananya kadua: "Cing numutkeun baraya sadayana, ari basa Sunda teh naha masih keneh penting atawa henteu?" PITUDUH: Pikeun jawabanana, cing ajukeun argumen panoong pribadi sewang-sewangan, upama basa Sunda teh penting lebah mana pentingna. Upama teu penting, oge naon alesanana.Ceuk implengan kuring ieu jawaban teh penting, pikeun nyieun titincakan, ngarah urang boga argumen nu kuat pikeun diri masing-masing, upama hayang milu mulasara basa Sunda. Hehehe. Salam, mh ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today! http://us.click.yahoo.com/t7dfYD/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

