Ngiringan...
 
Aduh, abdi tinggaleun yeuh…aya acara Ngaguar Wado…atuh da internetna dipareuman aya nu trening di kantor, sibuk deuih kupadamelan…
 
Punten ari Kang Syam the urang Wado pituin? Nya teu pituin ge aya buit Wado panginten….
Janten isin ngaos seratan Kang Syam, seueur pisan nu teu terangna. Digubragkeun ka alam dunya mah leres di Cikareo diparajian ku Nini Ibik (saur pun biang eta ge), kumargi abdimah anak kolong ngiring ka pun Bapa nu dinesna aclok2an ka Subang, Jakarta, Jogja & Bandung… di lembur teh mung 3 taun nalika SMP we wungkul nyaeta di SMPN Wado. Kapungkurmah abdi ge sok amengan ka Sundulan, Cadasngampar, Buah Ngariung, kemping Pramuka di Sukanyiru, Cilengkrang. Lulumpatan enjing2 (lari pagi) ka Bunter uihna sok cinutrung heula diSasak Panjang…palih wetan mah teu patos terang, mung kantos dua kali ka kantor kacamatan di Tarikolot.
 
Emut basa nembe ngalih ti Jakarta ka Wado (1985an), biasa hirup di kota Metropoilitan pek teh ka kampung. Jaman haritamah teu acan aya listrik, tipi ge ku aki (accu) nganggo patromak oge mung saminggu sakali, janten ngapalkeun ku damar…subuh2 pangambung harideung heuheuheu…
Pami hoyong kabeuratan (BAB), dianteur ku sababaraha urang alias ngabring nyandak oncor ka susukan atanapi ka balong. Ameh teu bulak-balik nu nganteur ge sok ngiringan kabeuratan. sok kieu mun ngajakan the,”Marodol hayuuuu…” Diwaleran,”Hayuuu…” nya naronggeng berjamaah bari ngobrol heuheuheu….
 
Sok waas basa nuju sakola di SMP Wado, mapah ti Cikareo nu sakitu ngempladna, ngalangkungan Parungrengrang tengah poe ereng2an tapi dasar budak keneh resep weee…
Kulit nu tadina bodas janten hideung, rambut beureum, sampean teuas aya buahan….

Naek angdes (angkutan pedesaan) cekap mayar Rp. 25 sok aya nu langsung ti Cilengkrang ka SMP mayar Rp. 50 meuni sok rimbil barudak sakola narangkel kuat ka dengdek, sakapeungmah sok dihijikeun sareng domba atawa meri.
Nalika neraskeun ka SMA, ditampi di SMAN 1 Sumedang, da hoream indekos tea, ngiring ka pun Bapa nuju dines di Bandung, ditampi di SMAN Margahayu, damel bari kuliah dugi ka ayeuna di Bandung.
 
Wado, kapungkur ku barudak mah sok disalengorkeun janten Wadah Dosa ceunah hehehe…duka nyandak timana tah asal muasalna. Pami urang Garut sok disebat Asgar, pami urang Wado sok disebat Aswad. Teh Ely meuni sami resep teh, siganamah resep buhun beuluem lauk dikecapan… Leres saur Cep Dudi tea mah gorowok Wado seueur nu teu apal alias “teu tiasa digambarkeun ku seratan”…hehehe. Tapi abdi mah sok sering ngadangu gorowok urang Wado boh murangkalih atanapi dewasa nu nyauran rerencanganana di sawah atanapi di jalan, ”melengking” (basa Sundana naon nya) nadana khas pisan. Siganamah eta nu disebat Gorowok Wado.
 
Ayeunamah abdi langki ka Cikareo, da sepuh tos teu araya kalebet pun Bapa, mung Bibi, Mang sareng Uwa wungkul, bumi ge dikontrakkeun…Sakapeung mah sok hoyong uih deui ka Lembur, tapi kumaha da milarian sahuap sakopeunnana di Bandung, bati waasna wee pami ningali gunung Cikareo palebah Darmaraja teh….Nu matak hookeun mah ningali tower Telkomsel tos nyengcle di gunung Cikadu…nyaan ayeunamah Wado teh jadi kota!
 
Sakitu heula dongeng ti abdi, punten siga lotek campur lemes & kasar.
rosmanujangkungurangcikareotea :)
 

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke