|
Naon hubungananan antara hari ibu jeung poligami ?? Sababaraha waktu kaliwat dina hari HAM sedunia aya organisasi ibu-ibu anu protes ku
ayana poligami. Arajeuna nyabutkeun yen poligami the bertentangan
dengan HAM dan termasuk pelecehan terhadap perempuan. Cing ari ceuk baraya kumaha Sarta kumaha pendapat baraya upami aya
baraya sunda hoyong poligami hehehe cing ah kumaha pamendakna
??? -----Original Message----- Assalamualaikum, Neda pidu'a ti wargi
sadaya wireh pun biang bade angkat ka tanah suci kloter 44.Angkat ti Pondok
Gede dinten Jumaah wengi ping 23. Mugi sing dipasihan
kakiatan ngajalankeun ibadahna,tiasa ngariung deui saanak incu sareng
utamina dijantenkeun hajjah nu mabrur...Amien ya Allloh. Ema..hiji pangdu'a ti si
bungsu....hapunten upami abdi sok ngajadikeun ema keuheul ti leutik tug nepi ka
ayeuna. Hapunten salila ieu abdi
sok riweuh ku sagala urusan,padahal keur abdi leutik baheula ema teu
pernah riweuh samemeh abdi reup peureum,teu pernah ngarahuh mun abdi ceurik
peuting,lapar ku susu jeung miceun cai.Ku kaasih jeung pangdeudeuh ema abdi
digedekeun,ku kacape jeung kasabaran ema abdi bisa diajar nyanghareupan hirup
ayeuna... Ema aya nu sumarambah
dina hate ieu nu teu bisa keudal ku ucap,ngan bisa ku cimata nu teu bisa
eureun....... Du'a ema minuhan sakujur
awak , nu jarang nepungan lamun ema sono. Iwal ti hate nu pinuh ku
hayang,hayang nyugemakeun,hayang nyenangkeun,hayang ngalongok Loeragoeng sijAlu/Idwan
|
- RE: [Urang Sunda] hari ibu jeung poligami lang layung

