Heuheu... kudu dibibita wae geuning...

Muhun lah, seupan brownies ge cekap, teu kedah nganggo doorprize...

isk

On 12/27/05, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nembe teh (wanci panonpoe ereng-erengan/tengah
hari)kuring ka kantor Departemen Sastra Daerah/Jawa
Fakultas Ilmu Pengetahuan Budaya (FIB). Kaleresan
kapendak sareng Kang Mumu lan Kang Darmoko (Ketua
Program Sastra Daerah). Der ngobrolekeun acara tepung
lawung KUSnet-SIMPAY ping 21 Januari. Prinsipna
duanana saluyu kana naon anu bade janten agenda acara
dina eta panglawungan. Kinten-kinten tos aya 10 an
dosen SIMPAY anu bade sumping. Malihan mah Kang Mumu
bade ngadadarkeun sareng nyandak naskah Kuno Sunda,
bilih aya wargi KUSnet anu panasaran siga kumaha
bungkeuleukanana naskah Sunda Kuno.
Komo deui barang diwartoskeun, bade disayagikeun
"Brownies Kukus" candak Teh Ika ti Bandung, atuh para
dosen istri anu harita aya, mani giak pisan "mau
dong...mau dong..."


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke