kebohideung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Anu dipikaijid ku pamajikan
- Dicandung
- Salaki beger deui
- Manggihan SMS mesra tina henpon salaki, narima telepun anu rada genit, ti istri nu teu dikeunal
- Dibohongan kunu jadi salaki
- Salaki indit ti imah teu bebeja heula kanu jadi pamajikan
- Salaki hoream mun dipenta tulung nganteur ka Toserba/Mol
- Salaki loba nitah, padahal apal pamajikan keur rariweuh ku budak atawa pagawean
- Salaki indit-inditan leuwih ti tilu poe (komo mun inditna jeung babaturan kantor salaki nu istri)
- Salaki horeaman mun dititah nyekel budak
- Salaki resep bagadang, ngaronda, komo bari "maen kartu"
- Salaki nu teu balaka kana jumlah panghasilan (resep nyimpen "Duit Jalu")
- Mun seug manggihan istri nu rada herang di jalan, salaki sok culang-cileung
- Salaki nu sok moyok (terus terang teuing) kana waruga nu jadi pamajikan
- Salaki nu sok moyok kana pasakan pamajikan
- Salaki nu tara mere komentar, mun pamajikan tas dangdan (berhias diri)
- Salaki nu sok ngadongengkeun kabogohna basa baheula
- Salaki nu sok embung ngombehan budak, ngabajuan/nyalanaan budak mun tas BB atanapi tos ibak
- Salaki nu tara daek ngahuapan budak
- Mun pamajikan keur geuring, tara diperhatikeun
- Mun Pamajikan keur geuring embung ngejo-ngejo acan, komo kukumbah piring jeung nyeuseuh mah
- Salaki nu tara ngarti (sok mamaksa) mun pamajikan keur "Hoream"
- Mun pamajikan keur "Hayang" salaki sok pura-pura sare tibra.
- Salaki nu koret
- Salaki nu sok embung ngelehan (egois)
- Salaki nu sok ngomongna sa bedug sakali
- Mun dititah balanja sok tara tuwar-tawar, komo mun seug pelayana bahenol,
- Salaki nu kurang romantis
- Salaki nu ninggalkeun , padahal can tepi kan puncak
- Salaki anu bodo katotoloyo
- Salaki anu teu ngarti
- Salaki nu kurang panghasilan
- Salaki nu tara daek mangku
- Salaki nu tara daek daek mencetan
- Salaki nu tara daek ngupahan...
- ............seueur keneh
Kebo HideungTasik
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

