Hiiisss....da ieu mah enyaan..hahahahaha
 Aya tambahan deui Kang Ndoel..ieu mah ti dulur simkuring :
 
27. salaki nu sok api lain, teu kaciri usaha ngabeberah lamun
pamajikan keur samutut.
28. salaki nu teu kaciri sono lamun balik ti pagawean.
29. salaki nu sare bae mun poe minggu.
30. salaki nu resep sinetron nepi ka budak ceurik ge dicarekan da gandeng.
31. salaki nu ngajawab: "bosen ah ngajawabna" lamun ditanya ku
pamajikan: "akang cinta keneh teu ka abdi?"


----- Original Message -----
From: ndoell
Sent: Tuesday, December 27, 2005 3:39 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: Anu dipikaijid ku pamajikan

matakna kang...
jadi salaki teh tong kitu kitu teuing ateuh..
kedah karunya ka pamajikan teh
heu heu...


-dul-

--- In [email protected], "kebohideung"
<[EMAIL PROTECTED]...> wrote:
>
> Anu dipikaijid ku pamajikan
>   1.. Dicandung
>   2.. Salaki beger deui
>   3.. Manggihan SMS mesra tina henpon salaki, narima telepun anu
rada genit, ti istri nu teu dikeunal
>   4.. Dibohongan kunu jadi salaki
>   5.. Salaki indit ti imah teu bebeja heula kanu jadi pamajikan
>   6.. Salaki hoream mun dipenta tulung nganteur ka Toserba/Mol
>   7.. Salaki loba nitah, padahal apal pamajikan keur rariweuh ku
budak atawa pagawean
>   8.. Salaki indit-inditan leuwih ti tilu poe (komo mun inditna
jeung babaturan kantor salaki nu istri)
>   9.. Salaki horeaman mun dititah nyekel budak
>   10.. Salaki resep bagadang, ngaronda, komo bari "maen kartu"
>   11.. Salaki nu teu balaka kana jumlah panghasilan (resep
nyimpen "Duit Jalu")
>   12.. Mun seug manggihan istri nu rada herang di jalan, salaki sok
culang-cileung
>   13.. Salaki nu sok moyok (terus terang teuing) kana waruga nu
jadi pamajikan
>   14.. Salaki nu sok moyok kana pasakan pamajikan
>   15.. Salaki nu tara mere komentar, mun pamajikan tas dangdan
(berhias diri)
>   16.. Salaki nu sok ngadongengkeun kabogohna basa baheula
>   17.. Salaki nu sok embung ngombehan budak, ngabajuan/nyalanaan
budak mun tas BB atanapi tos ibak
>   18.. Salaki nu tara daek ngahuapan budak
>   19.. Mun pamajikan keur geuring, tara diperhatikeun
>   20.. Mun Pamajikan keur geuring embung ngejo-ngejo acan, komo
kukumbah piring jeung nyeuseuh mah
>   21.. Salaki nu tara ngarti (sok mamaksa) mun pamajikan
keur "Hoream"
>   22.. Mun pamajikan keur "Hayang"  salaki sok pura-pura sare tibra.
>   23.. Salaki nu koret
>   24.. Salaki nu sok embung ngelehan (egois)
>   25.. Salaki nu sok ngomongna sa bedug sakali
>   26.. Mun dititah balanja sok tara tuwar-tawar, komo mun seug
pelayana bahenol,
>   27.. Lah..pokona mah loba keneh......sok
teruskeun.....................
> Kebo Hideung
> Tasik
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke