Aeh…aeh…ari si Akang…manawi teh nyaan tos sadar, kalahka tambih parah bin ngaraksuk geuning panyawat teh…
Hiks, janten sedih…Akang teh tos teu tiasa dikukumaha deui, angger keukeuh peuteukeuh…
Ah, etamah teu langkung Akang pami bade ngawayuh mah, mung sim kuring teu gaduh “tips” kanggo ngolo bojo Akang ameh kersa diwayuh, da sim kuring ge istri. Sarido-ridona, saikhlas-ikhlasna aya we kasedih sareng nalangsa mah panginten (amit2 teu acan ngalaman ketang!) da….ISTRI JUGA MANUSIAAA!
 
Siganamah “PR” Akang the sanes ngolo istri wungkul, kaadilan fasilitas materi sareng persiapan pikiran/emutan bilih aya bancang pakewuh…mangga nyanggakeun...sim kuring mah teu ngiringan nyaaa…auh ah gelaaaap…..
 
Baktos,adios,amigos,permios...
Ceu Eros.

Message: 18       
   Date: Tue, 27 Dec 2005 15:57:31 +0700
   From: "lang layung" <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: RE: Balesan: salah saha ??
Ka hatur Kang Dudin sareng baraya kusnet sadayana teu diwiji-wiji anu
parantos maparin bongbolongan sinareng piwurukna ka simkuring.
Sadaya piwuruk, piwejang, nashehat atanapi ushul katampi ku asta kalih
ka sangga kalingga murda, disuhun dina embun-embunan, katampa kana
pangkonan. Estuning asa kagunturan madu karagragan menyan putih. Asa
jadi caang narawangan. Caang bentang opat belas. Ceuk paripaos asa
katonjok congcot.
Mudah-mudahan sadaya kasaean wargi kusnet dibales kunu maha Kawasa.
Tapi borok sapanon carang sapakan neda agung cukup lumur jembar
sihhapuntenna bok bilih eta seratan janten manah.
Sim kuring ngadugikeun eta perkawis, saking baluweng pipikiran we. Mugi
sim kuring tiasa ngajalankeun sadaya piwuruk ti sadayana.
Kumargi kitu sim kuring nganggap cekap ieu masalah. Da sim kuriing
ayeuna parantos sadar kana kaayaan narima kana takdir.
Mereun ieu teh geus titis tulis ti ajalina sim kuring lain jodo jeung
manehna.
 
Namung..... nya kitu sim kuring ayeuna katarajang panyakit HIV (hasrat
ingin Voligami) kumaha carana sangkan pun bojo ngidzinkan ka sim kuring
kangggo nikah deui.
Cing ceuk baraya kumaha taktik sareng trikna sangkan pun bojo teh leah
manah luntur kalbuna ridlo ikhlas upami sim kuring nikah deui ???
 
anu salah mah nu dihukum kang!
akang mah teu salah, lamun teu nepi ka prungna ngalakonan anu ku akang
disebutkeun eta: inget, nelepon, panggih, jst
anggursi teangan saloba-lobana:
1.  ALESAN: kunaon sababna akang kudu mikacinta ka isteri anu ayeuna
2.  ALESAN: kunaon sababna akang kudu ngajauhan jeung ninggalkeun
lamunan ka batur anu geus lain-lainna deui.
 
leres saur Ibu rosma, wa'saa an takrahu syaian wahuwa khairullakum..
wa'asa an tuhibbu syaian wahuwa syarrullakum. WALLAHU YA'LAMU WA ANTUM
LAA TA'LAMUUN. (2:216)
 
ALESAN2 ieu teh tangtu alesan anu henteu tojaiah sareng hukum-hukum
Pangeran jeung bebeneran.
sabada eta alesan kumpul, insya Allah akang bakal pinanggih jeung
jawaban utama lan jalan kaluarna.
 
punten, pami rada cologog.
 
dudin

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke