Punten baraya  bade mairan,

 

Salaki anu tara masihkeun slip gajih , mun ditaros silp jawabanarek menta selipna atawa gajihna

 

Sok aya deui??

 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Yosep Hania
Sent: 27 Desember 2005
16:01
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] Anu dipikaijid ku pamajikan

 

28.               Salaki nu sok nganterkeun babaturan kantor, terutama pagawe istri.

 

Sok lah….

 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of kebohideung
Sent:
Tuesday, December 27, 2005 10:30 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Anu dipikaijid ku pamajikan

 

Anu dipikaijid ku pamajikan

1.      Dicandung

2.      Salaki beger deui

3.      Manggihan SMS mesra tina henpon salaki, narima telepun anu rada genit, ti istri nu teu dikeunal

4.      Dibohongan kunu jadi salaki

5.      Salaki indit ti imah teu bebeja heula kanu jadi pamajikan

6.      Salaki hoream mun dipenta tulung nganteur ka Toserba/Mol

7.      Salaki loba nitah, padahal apal pamajikan keur rariweuh ku budak atawa pagawean

8.      Salaki indit-inditan leuwih ti tilu poe (komo mun inditna jeung babaturan kantor salaki nu istri)

9.      Salaki horeaman mun dititah nyekel budak

10.  Salaki resep bagadang, ngaronda, komo bari "maen kartu"

11.  Salaki nu teu balaka kana jumlah panghasilan (resep nyimpen "Duit Jalu")

12.  Mun seug manggihan istri nu rada herang di jalan, salaki sok culang-cileung

13.  Salaki nu sok moyok (terus terang teuing) kana waruga nu jadi pamajikan

14.  Salaki nu sok moyok kana pasakan pamajikan

15.  Salaki nu tara mere komentar, mun pamajikan tas dangdan (berhias diri)

16.  Salaki nu sok ngadongengkeun kabogohna basa baheula

17.  Salaki nu sok embung ngombehan budak, ngabajuan/nyalanaan budak mun tas BB atanapi tos ibak

18.  Salaki nu tara daek ngahuapan budak

19.  Mun pamajikan keur geuring, tara diperhatikeun

20.  Mun Pamajikan keur geuring embung ngejo-ngejo acan, komo kukumbah piring jeung nyeuseuh mah

21.  Salaki nu tara ngarti (sok mamaksa) mun pamajikan keur "Hoream"

22.  Mun pamajikan keur "Hayang"  salaki sok pura-pura sare tibra.

23.  Salaki nu koret

24.  Salaki nu sok embung ngelehan (egois)

25.  Salaki nu sok ngomongna sa bedug sakali

26.  Mun dititah balanja sok tara tuwar-tawar, komo mun seug pelayana bahenol,

27.  Lah..pokona mah loba keneh......sok teruskeun.....................

Kebo Hideung

Tasik





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke