Punten kang Bayu... rumaos abdi mah jalma belegug, teu sakola-sakola acan, janten mugi tiasa dimaklum pami abdi teu ngartos.. tong kasigeung kang..da kasét..eh kasép. Komo dugi ka ambek mah... abdi gé ambekan...da teu ambekan mah eungap..
nyaan kang, abdi mah teu ngartos anu dipimaksad ku akang téh.. cik atuh jelaskeun, tong kalah ka miwarang ka Bandung. Akang teh di Bandung sanes ? Apan tebih Bandung teh, nuju boké ongkoh abdina. Bade ngongkosan ? Postingan akang dihandap ieu anu abdi teu ngartos teh : ----------------------------------------------------------------- > Upami ditaros naon manfaatna gempungan KUSNET > caralik wae.... > ari dipasihan titiron tina KORAN PIKIRAN-RAKYAT > nembe pada nyarios.... > Ari abdi mah keun bae korban ngaran keur mancing anu dimaksud... > Bade disebat pembajak mangga.... > Bade disebat tukang titiron mangga.... > Geus bakat ngabajak meureun.... > Dalah bangsa batur oge komo maling .... > Hayang diajar Basa Sunda kudu ka Belanda.... > Soalna urang sunda mah caralik wae.... > Sok atuh geura der....ngadamel makalah bejakeun ka sakuliah buana manfaat gempungan KUSNET teh > ulah caralik wae.... ----------------------------------------------------------------- Akang jadi korban ngaran teh kumaha ? sakaterang abdi mah, tos jadi hukum teu kacatet dina alam Kusnet téh pami aya nu ngagaduhan ideu, atuh pami tiasa mah anjeuna nu ngalakonan. paling sakedik naratas jalan, ké gé dibarantuan ku anu sanés. Contona seueur, garapan Pustaka Sunda ku Kang Adi, aya Wikipedia ku cep Kandar, siaran Kusnet di radio Antassalam bandung (sok ngadangukeun ? henteu ? sami atuh...) Ayeuna deui, Kang Runa urang Bogor bade kerjasama Kusnet sareng tipi Megaswara. Aranjeuna gaduh ideu, tuluy dimimitian, tuluy dibarantuan. Eta ge hiji bentuk publikasi Kusnét ka sakuliah dunya. henteu kang, teu sadaya caralik wae urang Kusnet téh. Seueur nu lulumpatan gé. Tos seueur nu dipidamel. Apan eusi artikel dina PR ge ngarupakeun salah sahiji Kontribusi Kusnet keur Kasundaan mah. tong ngalungkeun ideu bari jeung miwarang kanu sanes... propokator wungkul ari kitu mah, pan ceuk Kang Rachmat Rawyani gé. Saha gé tiasa ari kitu wungkul mah. Pami hoyong Kusnét maju, atuh dagang somay we ngangge roda, tuluy didorong...pasti maju. Maksad teh, atuh hayu urang rojong, kumaha we carana, satiasa-tiasa. da sadaya ge nu ting kuliwid dina alam maya Kusnet teh apan sukarido, da sosial tea. Teu aya nu ngagajih. Ngiringan milis Kusnet ge apan seuseurna mah nangkod kana internet di kantorna sewang- sewangan. Aya oge anu ti bumi (maenya ti bulan mah), aya nu di warnet, sakitu gé leuheung, hoyong ulubiung miara basa. Jadi kang, kulantaran patarosan akang perkawis mangpaat gempungan Kusnet, nu baheula teu aya nu ngawaler, atuh tong janten pundung. Boa harita mah nuju pakepuk baraya nu sanesna, janten teu sempet mairan. Seueur pisan mangpaatna mah, salah sahijina saling wanoh, silaturahmi. Pami akang hoyong terang mangpaat sareng bipaatna gempungan Kusnet, atuh sakali-kali mah ngiringan Kopdar lah minimalna. Ke ping 15 januari, ti tabuh 10 enjing dugi ka capé, aya kopdar di Dago Tea House..urang Kusnet sadaya eta teh... sok geura ngiringan. Dongkap we, teu kedah mayar ieuh...gratis. bantun patuangan nu nuju lapar weh. Eta gé cekap. apal teu Dago Tea House ? apal atuh nya, maenya urang bandungna teu apal. Okeh ? (ceuk Ndoell...bari ngorong....) -dul- tukang teuing --- In [email protected], bnugrahas bnugrahas <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > lebah mana teu ngartina..... > Asa kacida teuing..... > Ku uing dilayanan...... > > ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote: tambah teu ngarti... > > -dul- > > --- In [email protected], bnugrahas bnugrahas > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Lamun teu ngarti mah datang weh kadieu..... > > Urang tepung di darat > > > > Fapet Unpad > > > > > > --------------------------------- > > Yahoo! Shopping > > Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping > > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 1.2 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery. http://us.click.yahoo.com/WpTY2A/izNLAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

