haturan kang oman oge warga babakan kusnet sadaya

kataji ku ngaran pabukon "PASAKA" kang, sigana mah kang 
oman tah anu ngagorehelkeunna.

pabukon di ciamis deui wae  tos di buka. (langkung ecesna 
mangga buka fail nagkodna).
rwncana ngaran eta pabukon teh "Prabudimuntur" bubuhan di 
eta daerah teh aya tempat anu ngandung sajarah 
prabudimuntur.
sanggeus maca seratan kang oman jiganamh eta pabukon teh 
ngarana rek dilengkepan jadi "Pasaka Prabudimuntur".

cag!
sonirosa
ps. kang runa damang?
On Sun, 1 Jan 2006 14:08:11 +0700
  oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Haturan baraya sadaya,
> 
> Seja ngalaporkeun kamekaran pabukon (perpustakaan desa) 
>Simpay Katresna -
> YP-KUSnet (Pasaka). Sakumaha geus diiberkeun ku MJ, 
>program pabukon anu
> anyar teh rek dibuka di Ciamis, di desa si kuring jeung 
>di sababaraha tempat
> sejenna anu diluluguan Kang Sonny jeung Kang Runa. 
> Kurang leuwih saminggu
> ka tukang, MJ nga-sms ngawartosan yen buku keur muka 
>pabukon di Ciamis tos
> siap, kantun nyandak. Nya jangjian jeung MJ poe Kemis, 
>29 Desember 2005 buku
> teh sangkan di kakantorkeun sabab dina poe eta ba'da 
>lohor si kuring
> ngarencanakeun ka Ciamis, acara maneuh ngalongok pun 
>biang, sakalian mawa
> buku keur pabukon tea.
> 
> Alhamdulillah, rarancang muka pabukon di Ciamis teh teh 
>lumangsung sakumaha
> anu dirarancang. Poe Kemis tea, tengah poe MJ ka kantor, 
>malah harita buku
> dititipkeun di frontoffice kantor jalaran sim kuring 
>keur ka luar kantor.
> Atuh pasosorena si kuring jadi miang ka Ciamis bari mawa 
>buku titipan ti MJ
> tea. Isukna, poe juma'ah, ba'da juma'ah si kuring geus 
>ngaresmikeun pabukon
> di desa Lumbung, Kacamatan Lumbung, Kabupaten Ciamis.
> 
> Pabukon anu diadegkeun di Lumbung teh diaranan "Pasaka 
>Sedasakti". Ngaran
> Pasaka sakumaha usulan ti YP-KUSnet anu minangka 
>singgetan tina "Pabukon
> Simpay Katresna". Anapon "Seda Sakti" eta ngaran PKBM 
>(Pusat Kagiatan
> Belajar Masyarakat) di Desa Lumbung. Ngahaja, keur 
>sawatara waktu mah
> pabukon di Lumbung teh dikantetkeun (gawe bareng) ka 
>PKBM anu aya di desa
> eta kulantaran sababaraha timbangan: lokasi tos sayogi, 
>aya anu
> ngokolakeunana, oge sami2 lsm.
> 
> Pangurus PKBM Sedak Sakti, anu diwakilan ku Kang Ono, 
>babaturan ti keur
> leutik keneh, nepi ka sababaraha kali nganuhunkeun ka 
>YP-KUSnet anu parantos
> kersa muka pabukon di Lumbung. Atuh pamugi wae kapayun 
>ti KUSnet aya
> lajuningkalu kanggo kerjasama sareng PKBM dina raraga 
>ngalaksanakeun garapan
> sanesna, kayaning: PAUD (pendidikan usia dini), KF 
>(Kegiatan Fungsional),
> Life Skill, Pusat Informasi Desa, jrrd.  Sugan wae YP, 
>BMRC atawa
> lembaga-lembaga sanesna anu lahir tina rahim KUSnet 
>tiasa neraskeun
> kagiatan-kagiatan sanesna ieu.
> 
> Rupina sakitu wae heula laporan pabukon anu nembe dibuka 
>di Desa Lumbung,
> Kec. Lumbung, Kab. Ciamis. Anapon lokasi Desa Lumbun teh 
>ti Kota Ciamis ka
> jihat Cirebon, terus ka jihat Panjalu kl 25 km; pernahna 
>pisan antara Kawali
> - Panjalu. Mangga ieu alamat kontak Pasaka Seda Sakti 
>Lumbung: Ono Fudholi,
> Spd, HP: 081322176864; Tlpn: 0265791440 atawa kontak ka 
>si kuring oge tangtu
> diwalonan.
> 
> Cag.
> baktos,
> manAR

========================================================================================
Ikuti Kuis Ramadhan bersama TelkomNet Instan dari 12 Oktober s.d 2 Nopember 
2005 di 
http://www.plasa.com/jatim 
dan dapatkan hadiah setiap minggunya ! (khusus Jawa Timur)
========================================================================================
 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Clean water saves lives.  Help make water safe for our children.
http://us.click.yahoo.com/CHhStB/VREMAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Attachment: 051229_Pabukon_Ciamis_00.xls
Description: Binary data

Kirim email ke