enya cenah "beu" teh kecap anteuran, wancahan tina kecap "ambeu", pikeun nuduhkeun rasa heran atawa kuciwa. harti lain "ambeu" biasana dipake pikeun urusan ungsa-angseu pangambung.

joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Jigana kecap "beu" teh kaasup "panganteur" atawa
"panganteb", contona :
1. Beu eta mah neng Nenny, keur geulis teh rajin
deuih, kumatak kayungyun (lamun nunjukkeun kaalusan).
2. Beu eta mah si Sotog, keur goreng patut teh ngedul
pisan, euweuh pisan alaeunnana (lamun nunjukkeun
kagorengan).

Lamun dina kecap kecap kaagamaan (islami) mah rada
mirip-mirip lamun urang ngucapkeun "masya Alloh"
saperti "Masya Alloh eta budah numpak motor mani tarik
pisan, euwueh pisan kainggis".

Lamun salah punten koreksi.

Wasalam
Jaka

--- Nenny Nenden Nenong <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> dupi dina basa indonesia atanapi naon hartos na kata
> beu' teh...
>   hatur nuhun.. biasana bah kumi nu sok ngawaler teh
> tapi ayeunamah panginten nuju malem taun enggalan...
>
>
> Wassalam
> Nenny
> "Nineung Pisan Ka Lembur Kuring"
 


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke