Baraya sadaya,
 
Kahaturkeun dongeng  ngeunaan yayasan, yayasan saha wae jeung iraha wae. Hapunten bilih kapanjangan teuing, Insya Alloh ditepikeun dina dua bagian tulisan.
 
- Bubuka
 
Cenah kagiatan pangwangunan ka hareup baris leuwih rame ngamalir ka daerah, khususnya padesaan. Ceuk beja ti anu nyepeng kalungguhan di Pamarentahan, salian ti ngabring ka padesaan, kagiatan pangwangunan (basa populerna mah : proyek) baris leuwih merhatikeun icikibungna masyarakat - basa "keren"-na mah anu disebut community-based development tea- sangkan sakabeh golongan masyarakat leuwih karaeh ku pangwangunan. Dina lebah dieu, pancen organisasi kamasyarakatan (LSM, Yayasan) baris leuwih dipiharep jadi mitra pamarentah. Upamana wae, dina widang atikan, milyaran  dana geus diancokeun dina rencana mateakeun PKBM (Pusat Kegiatan Belajar Masyarakat), ngaliwatan kementrian anu pakait (Depdikbud, Kementrian Pamuda jeung Olah Raga, jst. Keur catetan saterusna: badan hukum PKBM teh kudu LSM atawa yayasan, hartina, PKBM lain sahandapeun Depdiknas, tapi dirojong jeung dibiayaan ku Pamarentah). Karana sakitu, kaharti upama akhir-akhir ieu di pakotaan jeung daerah-daerah (kabupaten) dug-deg nyarieun LSM atawa yayasan tea.
 
Jawa Barat sigana kaasup propinsi anu panglobana boga LSM atawa yayasan. Munasabah kituna mah, bubuhan Jabar teh pangdeketna ka ibu kota, ka sumber informasi tea (ajen informasi keur LSM mah kacida luhurna, utamana informasi ngeunaan sumber dana hiji kagiatan). Diantara kabupaten-kabupaten di Jawa Barat, cenah Garut kaasup kabupaten anu pang pinuhna ku LSM. "LSM atawa yayasan di Garut geus nerekab nepi ka tingkat kota kacamatan", kitu ceuk MH dina hiji kasempeta ngobrol. Waktu kuring kaparengkeun ngawangkong jeung sababaraha pamuda tokoh NU, pamendak MH teh dihaminan. "Leres Kang, malah bakat ku loba-lobana LSM di Garut, nepi ka aya LSM anu siga bingungeun ku ngaran, eta wae ngaran eta LSM teh nepi ka make ngaran "DABORIBO", ceuk Kang Subhan salah saurang tokoh pamuda NU di Garut. Waktu si kuring nanya, naon hartina eta ngaran "Daboribo", anjeunna ngawalonan daria: Ribut Boleh, Damai Boleh". Beu....kacida....
 
Baraya, naha gampang ari nyieun LSM/yayasan? Naha iraha wae jeung kumaha wae carana LSM/Yayasan teh bisa diadegkeun kusaha wae jeung dimana wae? Naha ari LSM/yayasan bisa kitu wae nepi ka "riributan jeung sauyunan" bisa dihijikeun jadi programna? Meunang sababaraha poe mah sorangan huleng jentul wae mikiran hal ieu. Ras inget kana yayasan anu baheula kungsi diadegkeun tapi teu jalan. Kolebat deui ngalangkan kumaha hiji yayasan anu gede nepi ka bisa parasea, malah lian ti parasea teh salah saurang anu kaasup rengrengan anu ngadegkeun nepi ka didupak ti yayasanna. Kolenyay deui inget, di Bandung aya hiji badan organisasi anu sanajan ngaranna yayasan, tapi kauntungan usahana tina widang kasehatan (ngajalankeun rumah sakit/RS) sakitu mucekilna, malah wangunan RS-na oge kawilang pangmenterengna sa-Bandung, atuh kelasna jauh saluhureun RS resmi bogana Pamarentah. Ningali yayasan anu bieu disebut pangtung mah les wae kakubur kalangkan Daboribo teh, kaselang ku kayakinan yen "usaha" ngaliwatan yayasan ge mere lolongkrang anu gede nakeranan. Pipikiran jadi pinuh ku pananya, diantarana: "Kumaha tarekahna sangkan hiji yayasan bisa maju siga yayasan bogana RS Bromeus di Bandung?
 
- Kang Endang, sarjana pertanian anu karirna di LSM
 
Bungah kacida, waktu si kuring papanggih jeung ki adi (nyebut adi soteh dumeh umur anjeunna sahandapeun umur sorangan), Kang Endang (nyebut "Kang" dumeh "Kang" teh calukan anu umum keur lalaki ti/di Sunda). Anjeunna teh sarua ti Lumbung, laer-laer oge masih dulur asana mah. Keur sono ngawangkong, kusabab geus lila teu panggih, anjeunna siga anu kapancing ku wangkongan, ngadon der nerangkeun lalakon dirina bisa jadi direktur hiji LSM anu kwilang maju di Kota Bogor, malah geus meunang pangakuan sagala rupa ti Pamarentah Kota Bogor (basa kuring mimiti nepungan anjeunna di Bogor malah langsung diangkir ka bumi juragan Walikota, maturan inyana anu diundang ku pa Walikota). Kaharti kitu na mah, da ti saprak lulus ti sakola luhurna di ipb, karir Kang Endang mah nya di LSM. Jadi, kusabab jelema mah kapangaruhan ku naon anu jadi kameumeut sapopoena, nya wajar wae lamun anjeunna derekdek ngadongeng ngeunaan prak-prakan nyieun jeung ngagedekeun LSM. Tina obrolan kanyahoan yen anjeunna ayeuna aktif mimpin leuwih ti 4 yayasan/LSM anu sadayana lumayan, bisa hirup kalawan mandiri.
 
"Kang, kahirupan organisasi, boh di pamarentahan, swasta atawa LSM, dina sababaraha hal mah teu beda jeung kahirupan manusa", ceuk Kang Endang muka carita. "Maksud kuring, LSM oge sarua kudu nyorang mangsa lahir, mangsa budak, tumuwuh dewasa, mekar dina kadewasaanana jeung mangsa kolot", ceuk anjeunna neruskeun. Laju derekdek wae anjeunna ngadadarkeun kumaha ciri-cirina unggal mangsa anu baris/kudu disorang ku hiji organisasi, utamana LSM, jeung naon wae garapan atawa kagiatan anu luyu dina unggal eta mangsa. Naon rupa anu didadarkeun ku anjeunna ngeunaan lalakon nyieun jeung ngadekeun yayasan rek dicaritakeun deui dihandap ieu ku basa kuring sorangan, sugan pareng tepi anu maksudna.
 
- Yayasan teh badan bogana masyarakat
 
Anu mimiti kudu dipikawanoh ku saha wae anu rek nyieun yayasan taya lian ti yen ari yayasan teh sajatina eta lembaga bogana masyarakat. Hartina, anu ngadekeun jeung icikibung di yayasan teh anggota masyarakat. Pangurus mah ukur ngawakilan masyarakat anu percaya ka eta yayasan pikeun ngokolakeun program-program anu luyu jeung visi misi yayasan (tangtuna oge masyarakat geus satuju malah ngarojong kana visi jeung misi eta yayasan). Kukituna, sing saha wae meunang jeung bisa ngadegkeun yayasan, asal nyumponan syarat-sayaratna. Anu jadi syarat teh nyaeta: aya ngaran yayasan, aya alamatna (alamat tempat kadudukan), aya pendiri, pembina, pengurus jeung pengawas, aya maksud, tujuan jeung kagiatan yayasan, kalawan sakabehna disahkeun ku notaris.
 
Kusabab yayasan teh hakekatna ma bogana masyarakat, mangka kaharti lamun UU ngeunaan yayasan geus nangtukeun dimana/dina hal naon wae tempat icikibungna yayasan. Tangtu wae, yayasan mah teu meunang usaha komersial sakumaha perseroan terbatas (pt) atawa badan usaha swasta sejenna. Oge yayasan lain pamarentah anu teu kauger ku tetekbengek katangtuan jeung adimistrasi pamarentah. Garapan-garapan anu luyu jeung yayasan tangtu wae sarupaning urusan sosial kayaning: kasehatan (nepi ka bisa nyieun rumah sakit), atikan (nepi ka bisa nyieun paguron luhur), kabudayaan, lingkungan, jeung kagiatan sejenna. Upama yayasan teu meunang usaha siga swasta, timbul patarosan: ti mana atuh modal jeung dana keur kagiatan yayasan? Dina lebah dieu, Kang Endang maparinan gambaran anu cukup jelas dina jejer "dua leungeun yayasan".
 
- Dua leungeun yayasan
Yayasan teh salawasna kudu boga dua leungeun lamun hayang nepi ka tungtung lalampahanana boga kagiatan samodel RS, paguron luhur, jsb, anu kacida karasa manfaatna ku masyarakat. Leungeun anu dua teh leungeun katuhu anu ngarupakeun lambang tina bakti sosial yayasan ka masyarakat, jeung leungeun kenca anu mangrupa usaha-usaha yayasan anu ngadatangkeun kauntungan (profit) salila dimeunangkeun ku aturan ngeunaan yayasan. Yayasan anu hade, anu hirup tur maju salawasna boga ieu dua leungeun, bari jeung leungeun katuhuna salawasna leuwih gede/panjang tinimbang leungeun kencana dina kaayaan dua leungeun teh salawasna tumuwuh. Maksudna, yayasan anu alus mah salawasna boga bakti sosial (leungeun katuhu) jeung boga usaha pikeun ngadanaan eta bakti sosial (leungeun kenca) bari jeung (salawasna oge) bakti sosialna leuwih gede (leuwih punjul kualitasna) tinimbang usahana, dina kaayaan duanana (boh sosialna, atawa usah profitna) salawasna ngaronjat (katerangan ieu ngebrehkeun ayana sumber "penghasilan" sejen ti yayasan salian ti usaha profit anu tumuwuh kulantaran yayasana oge tumuwuh).
 
Tah, "tarung" antara dua leungeun ieu baris nangtukeun watek atawa "kapribadian" yayasan. Upama ukur leungeun katuhuna anu hirup, mangka bisa dipastikeun kana moal lila umur eta yayasan teh. Atawa, dina lilana oge umur hirupna, kaayaaanana teh kaasup kana babasan: "hirup teu neut, paeh teu hos" tea. Upama ukur leungeujn katuhu anu hirup, mangka ieu yayasan jadi lolondokan: enya ngaranna mah yayasan, tapi enas-enasna mah sarua wae jeung pausahaan swasta. Kusabab kitu, jenis yayasan anu kadua ieu sabenerna mah geus ngabohong atawa akon-akon. Badan hukum yayasan ukur jadi baju keur nyumputkeun watek dasarna anu teu beda ti pausahaan. Keur ngagambarkeun leuwih jauh ngeunaan jenis-jenis kahirupan yayasan, babasan ti ahli perkoperasian luyu oge dilarapkeun ka yayasan. Kukituna, sakumaha dina badan usaha koperasi, dina yayasan oge aya 3 karakter: yayasan padati, yayasan japati, jeung yayasan sajati. naon bedana 3 diantara eta 3 jenis yayasan teh? jeung kumaha carana sangkan hiji yayasan bisa ngahontal darajat yayasan sajati? Dina pedaran saterusna anu diringkeskeun tina pangalaman Kang Endang Insya Alloh baris diguar. Ayeuna mah urang pungkas dugi ka dieu wae heula bisi panjang teuing (padahal mah memang geus panjang, hampura).
 
Cag heula.
baktos,
manAR
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke