Dina sababaraha poe nu kaliwat dina milis ieu aya nu bahas isi ceramah
salah saurang khotib anu eusina ngaharamkeun nasyid sareng rada ngejek
ka aa agym, sarta dijawab ku anggota milis ieu yen nyanyian teh teu
haram. Tapi semu nu ngejek oge. Cenah eta khotib teh masantren dimana ?

Terus inyana ngabahas ngenaan nasyi jeng nadhom sarta kaendahan. Anu
akhirna nyimpulkeun yen pendapat si khotiib tadi salah kaprah, alias
salah.

Sim kuring teu ngabela salah sahiji pendapat, mung manawi upami urang
bade ngabahas hiji masalah keda apal heula naon nu jadi dasar tina eta
masalah.

Komo mun aya dua pendapat urang keda terang heula alesan kadua pendapat
anu beda. Sangakan dina nyimpulkeunanan teu asa pang benerna atanapi
nyalahkeun anu sejen. Komo bari ngalelece mah eta teh jauh tina akhlaq
Islam.

Punten sanes bade mamatahan ngojai ka meri atawa kokolot begog, mung
simkuring gaduh kawajiban kanggo ngalempempengkeun ieu masalah.

Sakaterang sim kuring masalah ieu teh  (nyanyian) aya dua pendapat di
kalangan ulama.

Aya nu ngaharamkeun sacara mutlaq aya oge anu ngamenangkeun sacara
mutlaq. Tapi aya oge anu masihan syarat-syarat anu ngamenangkeun.

Anu ngaharamkeun alesananan dina al-Qur'an aya kecap lahwal hadits anu
diharamkeun ku Allah kacap ieu dihartoskeun ku para ahli tafisr,
sapertos Ibnu Abbas, Ibnu Mas'ud jeng sajaban ku nyanyian. Berarti
nyanyaian diaharamkeun ku Allah SWT. Teras dina hadits riwayat imam
Bujkhari bab tentang al-Fitan (fitnah-fitnah) diuningakeun ku Rasullah
yen engke di akhir zaman aya hiji kaum anu bakal ngahalalkeun khamar
(arak) babi, zina jeung nyanyian. Ieu hadits insya Allah Shahih. Berarti
lamun dihalalkeun berarti asalna Haram.

Tah dumasar kana ayat sareng hadits ieu aya ulama anu ngaharamkeun
nyanyian.

Tapi aya oge anu berbendapat yen nyanyian teh meunang, alesan nana dumeh
basa Nabi hijrah ka madinah nabi disambut ku nyanyian sarta nabi teu
nyaram. Oeg dina waktos Lebaran idul fitri aya ti antawis jariayah hamba
sahaya wanita anu ngalagukeun sababaraha nadhom mun ceuk urang mah
kasidahan sarta nabi teu ngalarangna.

Dumasar kana eta kejadian aya sababaraha ulama anu ngamenangkeun nasyid
atawa nyanyian.

Jadi numutkeun simkuring mah dua-duana baroga dalil. Kua ayana kitu teu
hade mun masing-,asing ngalecehkaeun anu liana. siga beda pendapat dina
masalah fiqih. Teu hade urang NU misalna ngejek ka urang Muhamdiyah
atawa persis pedah ibadahna beda.

Salami aya dalilna keun we antep.

Atuh kango cecekelan urang kumaha ? Cokot wae anu paling nentremken hate
dina katerangannan atanapi anu paling kuat dina dalilna.

Cing kira-kira mana anu paling kuat ????

Atanapi dua-duana bisa diamalkeun kuurang. Etamah langkung sae.







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Clean water saves lives.  Help make water safe for our children.
http://us.click.yahoo.com/CHhStB/VREMAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke