Sanes teu terang, mung kamari mah nuju pakepuk.

Nambihan katerangan perkawis Kala Chandra Caka Sunda :
Kala Chandra Caka Sunda mangrupa salah sahiji sistim pananggalan taun sunda nu dumasar kana palingsiran bulan, nu diguar deui ku Abah Ali Sastramidjaja.
Aturan pananggalan Caka Sunda ieu kaasup aheng, sabab diwangun ku sistim biras (matriks).  Hal ieu nembongkeun yen karuhun ki sunda teh rea kabisa jeung rea kanyaho (perceka).

Dina Kala Chandra Caka Sunda aya 12 bulan nu ngaranna : Kartika, Margasira, Pasya, Maga, Palguna, Setra, Wesaka, Yesta, Asada, Srawana, Badra jeung Asuji. 
Sabulan-na bisa aya 29 poe, bisa oge 30 poe, mung dina kala sunda mah sabulan teh dibagi dua bagian, nyaeta bagian caang jeung bagian poek.  Bagian caang ngitungna ti bulan tembong saparo maju ka bulan purnama terus nepi ka tembong saparo deui, disebut paro caang atawa suklapaksa, nu lilana 15 poe.  Bagian poek nyaeta ti bulan tembong saparo kurang saeutik, maju ka poek bulan terus nepi ka meh saparo deui, disebut paro poek atawa kresnapaksa, nu lilana 14 atawa 15 poe.

Cag,
baktos,
hendra


Popeye Suyanto Satjadiguna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Bagea rampah milangkala pabaru Sunda 1942 Caka Sunda, dinten Radite Pahing, ping 1 Sukla Paksa, sasih Kartika, taun 1942.


Yahoo! Photos
Got holiday prints? See all the ways to get quality prints in your hands ASAP.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to