Ieu mah sanes ti
ahli, sakadar ngiring icikibung wae. Dibabaran wae nya handapeun anu ti kang
Cecep (anu keur pere, nyandak "cuti mingguan" atawa "cuti bulanan" ieu teh?
:)), keur ngalegaan kosa kata (upama aya, eta oge):
definis kecap panganteur na tos cekap
nyumponan anu dimaksud.
jrut
=> turun - ari naek naonnya kecap panganteur na?
"jrut" keur "turun" sakapeung sok
dipake oge "jut", conto: barang ningali susukan (kamalir), jut manehna
turun" (Kang Cecep, kade nya menggel kalimahna ulah
salah)
clek
=> calik / tumpak.. biasana dina motor/ becak
==>Asana kecap "clak" lebah
dieu merenah keur panganteur "tutumpakan": Clak tumpak. Anapon
keur "calik" (diuk) mah panganteurna teh "gek" tea: gek
diuk.
jol
=> datang .. jrrd ( jeung rea rea deui )
==> "jol" lamun teu salah singgetan
tina "torojol". Larapanana tos leres.
==> ieu oge leres, gutrut
nulis,
teras sababaraha harti
tina kecap anu ditaroskeun
wanoh = Kenal,
ngawanohkeun = Ngenalkeun, wawanohan = Kekenalan /
perkenalan
genggerong =
Tenggorokan * conto anu ngangge kecap ieu nyaeta " Heuras genggerong " anu
nunjukkeun jalma anu sok huak haok.. ngomongna gede alias sok bebentak..
katelah = dikenal
dengan / disebut dengan
Serelek =
Serat elektronik tina e-mail meun di indonesiakeun kan Surat
elektronik..
nyigeung =
menyinggung ( perasaan )
===> kanggo "katelah" tiasa dianggo
padanana: kawentar, kakincara, kondang
Anjirrr... edun
euy uing.... kanu ahlina punten panglereskeun bilih aya anu lepat atanapi
kirang naon anu dijelaskeun ku abdi ka kang Irwan.. bilih keh dituntut
informasi menyesatkan tea.. heuheuheuheu...... Apih, kenging peunteun
sabaraha yeuh abdi?
Çéçép
Wahyu katelah " Ule"
===>Sakitu wae heula. Kanggo
informasi anu langkung lengkep ngeunaan unak-anik rarangkeun jeung aturan
basa Sunda sejenna dina wanda (gaya bahasa) anu leuwih ngepop tiasa
dipariosan buku anu judulna "Peperenian".
Ka Kang Aa, muga ulah alit manah, sami
kuring oge ti Ciamis asal mah jeung tadina oge sami, teu pati bisa
ngagunakeun basa Sunda.