On 1/13/06, syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Cewe matre ka laut ajeeehhh!
Lain wadul  wanoja sunda tina rupa mah rata-rata leuwih onjoy ti seler sejen, tah kulantaran kitu boh kolotna sumawona jinisna, ngarasa boga nilei jual. Didieu hukum pasar berlaku barang alus pasti harga ge alus. Nya wajar mun awewe geulis ngaharib harib ka MATRE, ngan nu teu kaharti ku uteuk teh sok aya awewe nu teu pati geulis ( teu wasa nek nyebut goreng teh) tapi MATRE. Matakna stereotif eta moal leungit sapanjang wanoja sunda gareulis jeung ngarasa geulis. 
 
Sabenerna mah lain matre ketah, tapi saha awewena nu teu hayang disenangkeun kunu jadi salakina, saha nu teu atoh nu jadi kolotna mun ningali anakna hirupna senang, lantaran meunangkeun nu jegud. Jaman ayeuna asa WADUL mun aya awewe daek diajak sangsara alatan ngabelaan CINTA.  Matakna mun nek miharep anak mitoha, kudu masagi heula. Lamun can masagi wae, neangan mitoha anu kerep MERE jarang NITAH, hagsiah tibalik jadi Cowo MATRE euy. 
 
sarua jeung kang soni al adis :D, intina matrena awewe sunda kulantaran awewe sunda gareulis jeung rarumasa. lain kusabab aya budaya Sunda nu ngutamakeun materi dina neangan jodo?
 
nanya deui ah, awewe sunda baheula dina nangtukeun pasangan hirupna kumaha nya?
 
 
Lalaki sunda kawin cere ? Ceuk saha ? Nu puguh mah kawin deui kawin da bakating ku laku. Teu kudu dimasalahkeun da geus ti karuhuna.
SR
 
tah tah tah aya kalimah "da geus ti karuhunna". kang syam coba kumaha ceuk karuhun ngeunaan kawin deui kawin deui teh?
 
dh
wilujeng tepang taun kang syam

--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
deha.wordpress.com
borondongjagong.blogspot.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke