Judul ieu jejer teh "Syok karena Bakso Tikus". Kecap "syok" sigana tina basa Inggris, "shock" anu hartina sawanda jeung "reuwas" atawa "kaget". Rada ngadeukeutan kana harti "schok" dina basa Sunda aya kekecapan sejenna kayaning: "hareugeueun" jeung "ginggiapeun".
 
manAR

 
On 1/16/06, herlan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
muhun kitu, ari di Manado mah,abdi tos 7 tahun di Manado,ari titingalian di pasar sanes beurit wae,aya kalong,anjing,babi mah geus puguh,ucing oge aya nu resepeun,tapi beuritna beurit leuweung sanes anu di solokan atanapi di bumi,rata-rata di beuleum,saurna rada kesed,he..he
----- Original Message -----
From: Mia
Sent: Monday, January 16, 2006 4:20 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Syok karena Bakso tikus...

 
Lèrès bah, di Manado mah beurit teh janten rencang sangu.
Abdi kantos ningali di TV7 upami teu lepat mah,2 minggon kalangkung
Sanajan geuleuh ge panasaran, janten si beurit teh di peuncit,
di kaluarkeun kadutna, di beuleum siga jagong, karak di bersihan/di kèrok.
teras di potong2, di goreng,teras di kecapan, siga hayam di kecapan.
Tah ayeuna, gara2 ningali acara eta, upami ningali hayam di kecapan sok emut ka beurit :-D
 
~mia~
 
On 9/12/05, waluya56 <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
Baso beurit? .....sedap atuh ...hehehehe. Kade ah bisi persaingan
bisnis. Karunya nu boga warung basona, engkena jadi teu payu padahal
acan puguh basona tina beurit.

Dongeng soal daging beurit, urang Manado mah beukieun pisan. Beuritna
teh beurit sawah, rada galalede. Cara ngalana dipuput liangna, tepi ka
beurit teh lieuran, kalaluar, tinggal newakan. Masakna? duka atuh,
ngan aya carita ti babaturan waktu kuring ka Minahasa. Ceuk manehna,
manehna kungsi utah uger gara-gara pangangguran eureun sisi jalan
ngadon jajan jagong beuleum. Jagong langsung didahar didinya. Pas
rarat-reret ka jongko nu dagang, katingali aya nu keur dibeuleum,
disidik-sidik geuningan lain jagong, tapi ....beurit. Atuh batur
kuring teh langsung murel, lumpat ngajauhan nu dagang, ....borolo weh
utah!

Baktos,
WALUYA


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke