Kang Maman, Cep Runa & Teh Ipeut ngiringan komen…

Kanggo abdi nyerat/nulis hiji padamelan nu  “mengasyikan” komo bari terang topikna naon, pangpanamah ide. Da ide teh kedah wae dipilarian, pami aya ngalangkung si ide teh tara wawartos…hih, ngalangkung weee… ari diudag, belecet lumpat!heheh…tungtungnamah sok haben nagen, bari kerung, ngome irung, teu prung-prung nulisna ge heheh…

Leres Teh Ipeut, abdi ge hoyong terang jurus nulis teh, komo dina basa Sunda nu seueur pisan undak usuk basana…mugia MJ, Kang Maman & Kang Oman kersa ngabagi elmu ka urang sadayana supados urang tiasa ngiringan janten penulis kreatif, efektif, produktif teu kalebet deui manusa primitif heheh…
 
Baktos,
Ceu eros
 
Message: 24       
   Date: Mon, 16 Jan 2006 11:48:53 +0000 (GMT)
   From: indung peuting <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: Balasan: Re: Milis jeung (Diajar) Nulis)
Leres cep Runa, nulis teh padamelan urang sadidinten, tapi urang diajar
nulis nu efektif, Yu...!, sugan jadi penulis kahot. Diemut-emut mah
urang ge tiasa nyieun carpon, carber, carpan, naon wae anu aya wujud
tulisan.
  Urang guguru ka kang MJ, kang Oman, kang Maman, baraya anu sanesna
deui. Aranjeuna mah parantos kalebet penulis kreatif, efektif, produktif,
tah urang pulungan wae jurus ampuh, tiasa ngadamel carita pondok teh
KUmaha..? sok ach... kang Mj, diantosan jurusna...he he
  
  ipeut
Cep_Runa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
    he.....he.......
pami panjang di print heula teh teras simpen sateu acan kulem mangga
diaos dugi ka tunduhna.
hidup nulis............
da memang nyerat teh pami teu diajar mah moal tiasa-tiasa. tah
palawargi sadayana sok atuh derrrrr kadinyah narulis....ngan teu kenging sauted
nya rada panjangan saeutik lah....hahahahaha....
sakitu heula ke disambung deui, cape euy tadi beurang tas huhujanan.
intina, HIDUP NULIS.........
indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> menulis:    Kang Maman....ach, si
teteh mani ngahegak cape...Puanjaaaaaaaaaaang....seratanna, boro diaos
dugi katamat, sihoreng hidup persib.....he he he,
  Sae kang...! nu penting Cuek bebek...nyerat naon wae tiasa, mung ulah
anu jorok  + nyigeng batur, komo ngagogoreng mah ulah pisan, bisi
parundung.
  Teteh ge kapungkur bade nyerat teh sok asa-asa komo ku basa sunda,
seueur lepat. Lami-lami janten lancar da nyerat ngacapruk tea, sami
kasauran  kang Maman.
  Tapi ketah, nyerat teh kedah aya bahanna , komo serep maca mah geura
sok loba ide keur nulis. Tapi mun tara maca jeung sagala teu terang
kaayaan sakitar, jsbn, nya hese rek nulis, sanes kitu kang Maman...!
  
  ipeut
  (teu tiasa nyerat anu daria tur lantip, da arang maca he he)
Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
      Milis jeung (Diajar) Nulis)
  
  Tadi, kamari, atawa sawatara waktu ka tukang (kuma parengna
pangacaprukan ieu dialungkeun ka milis), geus dipaheutkeun kumaha mangpaat milis
keur nembrakkeun pipikiran atawa rasa ku cara ditulis. Utamana keur nu
boga karep hayang bisa nulis. Oge, kuring nyebutkeun yen kuring
sorangan teu boga teori nu maneuh. Malah, rek deukeut-deukeut kana anti teori.
Kuma aing, ngacapruk, sekali cuek tetap beybeh.
  Sanajan kitu, di handap ieu aya sawatara tips nu kapulungan salila
ieu. Ngan, kusabab  kasang tukang kuring majalah berita, sanajan model
penulisan beritana siga nulis carpon, nya dumasar kana kumaha nulis di
majalah berita atawa pangalaman nulis di majalah berita. Sanajan, ari
dasar-dasar nulis mah, rek di mana-mana bae ge, sarua-sarua keneh.
(Meureun).
  Lian ti kitu, tips ieu teu leupas tina khitah jeung "kaahlian"
kuring: Ngacapruk. Bari, teu pati malire ngeunaan teori tea. Nya, naon nu
ditepikeun di dieu teh kuma karepna bae. Jajauheun kana sistematis. Da,
ngacapruk. Ongkoh ieu mah lain nulis makalah. Tapi, ngacaprukeun perkara
ngacapruk jeung pangacaprukan.
  di ieu milis. Semua pasti bisa! Kari daekna. Jeung, tigin kana
piwulang: Sekali cuek, tetap beybeh!
  Hidup Persib!
 

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke