Memang mimiti medal sigana mah biasa biasa bae, tapi nu ngahariwangkeun alon alon bakal jadi siga Playboy na versi USA. Biasa... tak tik dagangna pangusaha. Jeung kudu di talungtik, naha ieu teh aya unsur politik, rek nepakeun budaya barat nu gorengna.
Kade we ati ati, upami Playboy tiasa medal, bilih dilanjut ku nu langkung panas, margi aya keneh majalah sanes ku jauh kaleuleuwihi.
Kuring pribadi teu panuju, tapi lamun heug medal, kuring ngan ukur bisa mere saran ka pamarentah supaya dikaluarkeun aturan hukum anu ketat kalawan sangsi anu beurat. Si majalah dijualna kudu dibungkus plastik, gambar coverna disensor (ku sablonan hideung na plastikna), dipajangna kudu dina rak majalah nu pangluhurna sangkan teu kahontal ku barudak, teu meunang dijual ku pedagang keliling, Nu mueuli kudu 18 taun kaluhur. Nu ngalanggar, nu boga toko bisa dihukum sajuta taun .... euleuh euleuh beurat pisan nya.... ulah ah 5 taun ge
cekap.
Siap teu ku aturan ieu? Da di Luar negri mah kitu aturanana, jeung budayana geus siap, ngan diterapkeunana keur majalah nu langkung hot tibatan Playboy. Di Indonesia mun upamana Playboy medal, kaasup majalah pang hot na.
Mangga atuh geura terbitkeun aturanana.
Salam,
Kang Santosa
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
"Playboy" cap kelenci sabenerna mah di Indonesia ge ti baheula geus
"nerekab" dijual, pangpangna mah di supermarket. Aya beubeur, dasi, sapatu,
korek api jrrd, pokona mah kabutuhan kaum lalaki. Anehna ayeuna jadi ribut,
padahal majalahna acan terbit, kakara rencana, duka kumaha engke eusina.
Ngan jigana eusi playboy Indonesia, paling-paling jiga eusi majalah-majalah
lalaki sejenna anu geus aya di Indonesia, jiga Matra, Popular, FHM atawa ME
(nu kamari ngahina wanoja Sunda), moal wanieun jiga edisi nu diluar negeri
mah, nu loba foto taranjangna. Di urang lamun terus diributkeun, malah jadi
promosi gratis. Lamun jadi terbit, edisi perdanana pasti laku jeung pada
nareangan. Padahal ..........nu dijual ukur cap "kelenci"na, da eusina mah
kitu-kitu keneh ........................
Baktos,
WALUYA
----- Original Message -----
From: DELUN I
To: [email protected]
Sent: Friday, January 20, 2006 3:56 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] tolak Indoesian Play Boy !
Kahatur Kang Beni,
Muhun kang Beni saur simkuring mah TV swasta langkung bahaya dibanding
majalah "play boy" kunaon cenah ? Ari efek negatif majalah playboy cenah teu
kenging ku hadist (duka hadist nu mana simkuring sanés pakar na) sareng
sanés budaya urang.
Yahoo! Autos. Looking for a sweet ride? Get pricing, reviews, & more on new and used cars.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

