ngeunaan Partey Sunda ari ceuk kuring mah teu perlu!
ngalilieur nu geus lieur jeung boros duit.

meningan ormas urangsunda tea (naon ormas teh "orang masak 
kitu"), sugan wae atuh bisa nyaluyukeun tujaun urangsunda 
anu diantarana aya di  rupa-rupa partey oge ormas lianna.

tujuanana "NGAWALATRAKEUN URANG SUNDA "  heula wae keur 
saheulaanan mah!

trikkkkkkkkkkkkk pir.............

sonirosa

On Sat, 21 Jan 2006 21:55:49 -0800 (PST)
  Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>    Heureuy Enya, Heueuh Ongkoh
>  (Keur sawatara surat jeung komentar #1)
>   
>  Pakait jeung pangacaprukan kuring sawatara minggu ieu, 
>aya sabaraha serelek nu asup kana koropak kuring. Eusina 
>rupa-rupa. Aya nu sakadar hayang silaturahmi, aya nu 
>nanya leuwih jauh ngeunaan prak-prakkan nulis, kaasup 
>nanyakeun naon nu kira-kira kudu ditulis ku manehna. 
>Malah, aya oge nu patanyaanna kawilang orsinil atawa 
>"genuine" tea: Dina waktu kumaha alusna urang nulis? Geu 
>puguh nu nanyakeun naon pagawean kuring sabenerna. Eta 
>bae,cenah, ku bisa-bisana ngacapruk nepi ka ngayayay 
>kitu. Aya oge nu ngadon ngananaha atawa "nyarekan" pisan. 
>Ku naon kuring teu nulis dina koran atawa media nu ilahar 
>lianna. "Pan, akang wartawan. Minimal pernah gawe di 
>majalah," kitu ceuk eta surat.
>   
>  Hanjakal di antara sawelas surat teh euweuh nu 
>nanyakeun nomer rekening (listrik) atawa mere order nulis 
>atawa ngengken seminar. Teuing teu nyaho, teuing teu 
>percaya, teuing minder, sieun teu kuat mayarna, atawa 
>medit pisan. Teuing. Komo, nu ngajak kawin mah. Euweuh 
>saurang-urang acan. Padahal, di antara nu nulis surat teh 
>tujuh di antarana mah (kacirina) awewe, jeung pantesna 
>teh gareulis jeung sareungit. (Dimana aya ge nu ngajak 
>kawin, nu kitu mah rek...ditarima! Bae dimusuhan ku Bah 
>Willy jeung Teh Imas ge).
>   
>  Saencan kuring ngacapruk ngeunaan hal eta, idinan 
>kuring menta hampura jeung nganuhunkeun. Menta hampura, 
>kahiji, rumasa teu bisa males kabeh surat. Lain teu 
>hormat, ngan pegel we mun kudu ngawalonan hiji-hiji mah. 
>Sawatara surat lianna ge, nu leuwih heula datang, jeung 
>"leuwih penting", masih keneh aya nu can dijawab. Nya, ku 
>cara males berjamaah kieu eta surat teh dijawab jeung 
>dikomentarannana. (Ka Teh Gilang di Nyi Sunda, hapunten 
>pisan kamari lepat nyerat nami. Oge, punten ayeuna 
>disebat-sebat deui di dieu. Sanes nanaon, nya ku hoyong 
>we...).
>   
>  Kadua, kuring menta hampura pedah rumasa munapek. 
>Munapekna? Nya, munapek bae. Dina pangacaprukan kuring 
>salila ieu, langsung teu langsung kuring nyebutkeun 
>mangpaat atawa kaleuwihan milis nu miboga sipat langsung, 
>dua arah, spontan, personal, jste. Tapi, prak-prakannana 
>kuring sok siga nu api lain kana pananya atawa pangbagea 
>batur. Malah, sok tinggaleun informasi pisan. Kaasup soal 
>pasamoan di Dago Tea House. Nyaho teh bane bae Kang Agus 
>nga-SMS. Bari kuringna teu bisa datang. Aya pagawean nu 
>kudu rengse poe Senenna.
>   
>  Polah kieu teh taya lian ku arangna kuring browsing ka 
>milis. Kaitung remen ari muka email mah. Ngan, lian teu 
>bisa lila-lila teh, sakalina muka, sok pasesered jeung 
>perkara lianna. Boh perkara nu pakait jeung nyiar 
>kipayah, boh nu pakait jeung nyiar kutu. Atuh, rek 
>noongan teh kaburu belel panonna. Jeung deui teu arang 
>muka emailna ge ngandelkeun kahaat pamajikan. Tina HPna. 
>Teu bisa browsing pisan.
>   
>  Ari dina mimilisan ieu, umumna kuring make modus 
>no-email. Atuh kuring teu bisa three in one  jeung nu 
>lianna. (Naon maksudna three in one di dinya? Tong 
>dipikiran teuing. Nyebut eta teh pedah bae inget, 
>nyambung heunteuna mah teuing. Ngaranna ge ngacapruk. 
>Busway!).
>   
>  Tangtuna lain niat kuring nyapirakeun kusnet ku make 
>cara no-email kitu teh. Atawa kuring teu resep 
>ngabandungan wangkongan nu aya. Resep pisan. Sanajan, 
>enya, rumasa teu bisa ngilu mairan atawa ngengklokan.
>   
>  Ngan, nyaeta teu kuat ku murudulna. Eukeur mah, pan 
>tadi tea: eemailan teh pakepuk jeung pagawean. Beda jeung 
>Kang Agus, nu boga alamat email nepi ka leuwih ti lima, 
>dina hal ieu, kuring mah tuhu kana pituah Bah Willy. Lain 
>dina perkara pamajikan, tapi dina perkara alamat email: 
>Ngan boga hiji. Aya ketang hiji deui tapi leuwih arang 
>dibukana. 
>   
>  Tuh, pan? Dasar tukang ngacapruk. Rek menta hampura bae 
>karah ka ngawadulkeun perkara alamat email jeung soal 
>pamajikan sagala. Tapi, jeun teuing. Da, beuki. Jeung 
>sirik we ka MJ jeung Kang Boim, nu bisa nulis pondok tapi 
>alus. Geus puguh ari ka Kang Syam mah. Lian ti alus teh, 
>sagala rupa bisa diheureuykeun.
>   
>  Antukna, dina perkara mimilisan tea, kuring milih modus 
>no-email. Teu kuat ku murudulna. Eta bae kamari nyobaan 
>make daily diguest di gankleboy. Sapoe teh aya kana opat 
>limana. Atuh, cape nga-delete-na. Komo mun urangsunda 
>mah. Geus apal ti baheulana. Ditinggalkeun 10 menit ge, 
>baheula, keur mimiti ngiluan, geus metet koropak teh. 
>Nepi ka Mas Noorca (M.Massardi) mah, urang Sunda 
>hiji-hijina nu kuring disebut Mas, ngan kuat saminggu 
>ngilu urangsunda teh. "Kok, banyak amat, Man?," ceuk 
>manehna, antara reuwas jeung bingung.
>   
>  Ayeuna, nu sok rada dihajakeun noongan  teh Ki Sunda 
>jeung Baraya-Sunda. Bane bae di dinya aya Kang Rahman, nu 
>ceuk kuring, rada luar biasa. Aya karep ngahijikeun 
>baraya di luar nagri, ku cara mere informasi ngeunaan 
>kaayaan nagara urang. Mostingkeun warta-warta ti 
>koran-koran lokal jeung nasional. Alus pisan, ceuk kuring 
>mah.
>   
>  Sabab, nu kaharti ku kuring, kumna nu ngilu eta milis, 
>bari jeung teu bisa atawa teu kaburu maca koran, paling 
>heunteu teu kudu mukaan website eta koran. Cukup muka 
>email atawa Baraya-Sunda. Warta-warta nu dianggap penting 
>geus disampakkeun ku Kang Rahman. 
>   
>  Lian ti kitu, kumna anggota bisa silih simbeuh ku 
>komentar jeung pamanggih sewang-sewangan. Hartina oge, 
>wangkongan teh bisa dipancing ku atawa ngeunaan naon nu 
>nyampak dina atawa disampakkeun ku koran. Ayalah 
>istilahna dina elmu komunikasi mah, ngan kuring keur 
>poho. Jeung kateuteuari ngapalkeun istilah ari teu ngarti 
>mah! Ongkoh ieu mah ngacapruk. Sanajan aya sari-sari 
>benerna, leuwih loba heureuyna.  Heureuy enya, heueuh 
>ongkoh.
>   
>  Intina mah, ceuk eta istilah, aya proses diskusi jeung 
>internalisasi dina diri nu maca ngeunaan informasi atawa 
>beja nu ditepikeun ku media, nu disodorkeun deui ku Kang 
>Rahman di Baraya-Sunda.  Paling heunteu, ku cara siga nu 
>dilakukeun ku Kang Rahman eta, urang moal beakeun 
>wangkongan. Sakaligus teu ngacapruk teuing. Da kawengku 
>ku topik nu disodorkeun ku koran atawa Kang Rahman. Kitu 
>ge meureun, ketang. Boa-boa maksud Kang Rahman mah teu 
>"muluk-muluk" siga kitu. Pangangguran bae, siga kuring 
>ayeuna nyieun pangacaprukan kawas kieu. Heureuy enya, 
>heueuh ongkoh.
>   
>  Ari noongan Ki Sunda, pedah bae aya paguneman Kang 
>Rahman jeung Kang Nana. Ngeunaan Partey Politik Sunda. 
>Ngan, kamari ditingal teh masih keneh jalan di tempat. 
>Kumaha, Kang Rahman? Teraskeun ulah ieu teh? Asa lebar, 
>tah. Malah, aya salah sahiji serat nu nyebatkeun, pajar 
>teh abdi aktivis jeung politisi? Hahaha... Alhamdulillah.
>   
>  Kukituna, kuring nganuhunkeun ka sugri nu tos kersa 
>ngintun serat kana koropak sim kuring. Ngan, bongan 
>tadina dina milis, bari tetep teu ngurangan hormat kuring 
>ka aranjeunna, nya urang wangsulkeun deui bae kana milis. 
>Moal, moal naon-naon. Ongkoh: Sekali cuek, tetap beybeh! 
>Insya Allah namina moal disebat-sebat. Ari lain poho mah!
>   
>  Har, ongkoh rek mairan pananya jeung komentar?  Nya, 
>heueuh. Pan ngacapruk? Kuma kuring we. Jeung deui, soal 
>pananya  jeung komentar mah engke bae. Dina pangacaprukan 
>ka hareupna. Mun pareng. Barina ge siga kiamat rek datang 
>isuk, sagala teh kudu anggeus ayeuna. Dicarekan Gus Dur, 
>siah!
>   
>  Ayeuna mah sakieu bae heula. Lian ti bisi panjang 
>teuing teh, itu si bungsu geus jejebres bae ti tatadi. 
>Hayang dibantuan ngagawean PR. Ma'lum sakola jaman 
>ayeuna, geus mahal-mahal kaluar duit, keukeuh we urang 
>kudu milu cape. Nyaho kitu mah teu kudu diasupkeun sakola 
>sagala. Mending...
>   
>  Geus, ah. Bisi si Teh Tien kabujeng bendu.
> 
> 
> 
> 
> Maman Gantra
> Jalan Salemba Tengah 51,
> Jakarta 10440.
> 0812-940-5441
>               
> ---------------------------------
> Yahoo! Photos – Showcase holiday pictures in hardcover
> Photo Books. You design it and we’ll bind it!

========================================================================================
Speedy Gift 4 You. Pasang Speedy gratis Flexi Trendy dan berhadiah undian : 
3 Notebook, 7 Handycam, 9 Digital Camera, dan 25 Modem ADSL. Maaf hanya untuk 
Januari 2006. 
Info : 147 (Khusus Jawa Timur)
========================================================================================
Dapatkan hosting tercepat dengan bandwidth tak terbatas. Hanya di 
http://www.hostingkilat.com
========================================================================================
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke