Oh sumuhun, leres pisan eta teh.
nuhun atuh tos di tepang keun didieu nya, mugia
urang tiasa tepang sareng wargi2 sadayana anu araya di babakan kusnet ieu dina
alam nyata sawaktos-waktos, amiin.
S M Natapradja
----- Original Message -----
Sent: Monday, January 23, 2006 2:49
AM
Subject: Re: [Urang Sunda]
Nepangkeun
Wah muhun Bapak Natapradja, abdi teh kapungkur kantos di"ingu" ku pun
AKI
Asma-na teh M Emod Nataatmadja (tilas camat Cisarua Bandung), ari
pasualan teureuh mah, teu pisan-pisan , abdi ti pun bapak keneh dugi ka pun
anak karesep teh kana SUFI, kitu tah,
atuda ari nu namina Urang Sunda mah kapan sadayana oge teureuh
Padjadjaran , abdi kantos
diajar komputer di Kopma Unpad, di ajar ngalukis di Babakan Siliwangi ,
ari kasenengan ngagambar MAUNG, malah kantos Pameran Lukisan di Kadirenten
(pami teu lepat/bonbin) kapan ka sadayana wargi sanes ?
Tentrem
On 1/21/06, S M
Natapradja <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
Hemmm........? teureuh
Pajajaran.......?
atuh aya turunan Mahmud oge...? boa-boa masih
keneh wargi na sareng sim kuring.
S M Natapradja
----- Original Message -----
Sent: Saturday, January 21, 2006 4:52
AM
Subject: Re: [Urang Sunda]
Nepangkeun
Wilujeng tepang sareng nepangkeun oge ieu sim kuring
wasta teh Sujalma ari nganjrek di Mojopahit, ari teureuh Padjadjaran, nya
atuh jelasna mah nuju aya di Mojokerto Jawa Wetan namung gaduh
garwa urang Mojopahit upami hoyong terang abdi nu goreng patut mah
mangga we atuh amengan da ari cai-cai wae mah aya , ari lahir mah abdi teh
di Lembang, di Batureok saur pun Bapa mah, cag heula baraya.... padamelan
biasa wae tukang internet aalitan ...
On 1/20/06, DSW
<[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
wilujeng
tepang Yi Ari (kuring 30 tahun..he..he..) sok sing betah tumaninah di
ieu babakan.. seueur jalmi jembar ku elmu anu bakal nambihan elmu
pangaweruh urang... sanajan kuring mah mimindengna noongan
wungkul..
dudin purwakarta
----- Original Message ----- From: "Ari R. Fikri"
<
[EMAIL PROTECTED] > To: <urangsunda@yahoogroups.com> Sent: Thursday, 19
January, 2006 09:44 Subject: [Urang Sunda] Nepangkeun
> Sateu acanna sim kuring nyungkeun panghapunten ti para
wargi sadaya, ku > margi basa > Sunda sim kuring kacida
awonna. Janten upami aya lepat-lepat kecap atanapi >
pamaksadan > supados ngamaklum sareng kersa ngoreksi/ngalereskeun.
> > Nepangkeun Sim kuring wasta Ari R. Fikri, linggih di
Ciwidey anu kawentar > ku situ Patenggangna. Dupi yuswa nembe 27
tahun, parantos nikah, sareng ku > Gusti > nu Maha Suci di
percanten amanah kagungan putera hiji nu yuswa na nembe >
opat > sasih. > Padamelan kuring software developer nu
kantorna namina SET-INDO di Buah > Batu, Bandung. > Nampi
info tina milis koran PR, yen geuning urang sunda teh aya
porumna, > janten nyobian > hoyong ngiringan kana milis
ieu. > Ari tujuan sim kuring ngiringan milis ieu teh, bade balaka
we, ku margi > basa > sunda sim kuring kacida >
awonna, bari di borojolkeun sareng di ageungkeun mah di tatar sunda,
> sadidinten malah nyangem > basa sunda, malah mah teu acan
kantos ninggalkeun pulau Jawa, tapi upami > nyangem
nganggo > undak-usuk basa mah kacida ngisinkeunna. Eleh ku para
wargi anu tos > ninggalkeun tatar Sunda taun-taun >
ngumbara di nagara deungeun. Ku margi kitu sugan-sugan ku jalan ngiring
> milis ieu basa sunda sim kuring > tiasa improve (naonnya
basa sunda na ?), sareng nambih dulur urang Sunda > di >
sakuliah dunya. > > Mugi-mugi wargi sadaya kersa nampi sim
kuring lebet kana milis ieu. > > Wassalam, > >
Ari R. Fikri > > > > > > >
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id >
>
Yahoo! Groups Links > > > >
> > >
-- Ema
Sujalma www.killermart.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED
LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
--
Ema Sujalma www.killermart.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|