EJAAN BASA SUNDA
 
Ari hurup téh ngalambangkeun sora. Hiji sora dilambangkeun ku hiji atanapi dua hurup, upamana baé:
Sora a dina kecap abdi dilambangkeun ku hurup a
Sora b dina kecap bumi dilambangkeun ku hurup b
Sora eu dina kecap beureum dilambangkeun ku hurup eu
 
Pertarosan:
Ari hiji hurup nglambangkeun hiji sora?
Ceuk sim kuring mah, alusna kitu. Ngarah konsekwen, gampang keur nu diajar, jeung keur nyegah kasalahan.
 
Contona:
Situmorang urang batak, kaanjangan ku si Junéd urang Pakusarakan. Ari si Junéd ngadon jongjon maca majalah, atuh Situmorang rék ngobrol téh karagok. Ceuk Situmorang: "Coba itu majalahnya diletakan". Dasar Junéd...si majalah téh lain diteundeun dina méja... kalahka dilamotan......... tepi ka ngacay... biwirna jebéw.  
 
Dina taun 1972 dikaluarkeun EYD (Éjaan Yang Disempurnakan), nya diterapkeun oge keur basa sunda.
 
Ieu ngeunaan hurup e:
bédakeun e dina kecap déwék jeung dina kecap belegug
numutkeun EYD nulisna kieu: dewek belegug 
sawatara jalma, nulisna kieu: déwék belegug (Lain EYD)
ku EJAAN LAMA: dewek bêlêgug (punten curekna tibalik da mung ata nu aya dina keyboard).
 
Pertarosan kanggé nu uninga sejarahna EYD.
Naon sababnya, éjaan lama téh geus alus, geus ngabedakeun hurup keur sora e jeung é. Ari ku nu nyiptakeun EYD kalahka jadi goreng, boh sora e boh sora é sarua wae nulisna, nyaéta ku hurup e. ?????
 
Mun sim kuring jadi mentri pendidikan, rek dikaluarkeun SK Ejaan Yang Lebih Disempurnakan Lagi (EYLDL) ...... naon.... ngarang.......! husus ngeunaan sora e jeung é (hurup e jeung é) 
 
Pamungkas:
Naon bedana kecap jeung kecap?
Ari kecap mah ceuk basa Indonesia na mah "kata"
Ari kecap mah dahareun nu hieung tea, dijieuna tina kacang kedele
Lieurrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrr...................... sim kuring geus teu konsekwen deui, teu make hurup é deui.
 
Karunya ka jalma deungeun nu diajar basa sunda (Nya kitu deui Bahasa Indonesia)........ heseeun.
 
Kang Santosa.
 
 
 
 
 


Yahoo! Autos. Looking for a sweet ride? Get pricing, reviews, & more on new and used cars.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke