Baheula di Jakarta budaya sunda geus kacaturkeun boga peran anu kenteul pisan, urang tiasa nilik kana nami jalan, basa serapan na basa nu lumangsung di jayakarta, bisa disebutkeun serapan basa sunda aya kana 50 persenna. Panginten seuer jalmi nu daratang ka Jakarta ngangge basa nu lumangsung di eta wewengkon, teu karasa yen eta basa didinya teh basa kawinan nu mana –punteun- taya tata basana. Malahmah aya pengarang basa gaul, najan kaayaanna kitu tapi payu da ngetrend. Duka tah jalmi pangarang kieu naha kalebet ngaruksak sastra atanapi henteu abdi teu terang. Atwa bangsa nu di cicing di eta tempat geus "gering", teu apal kana purwadaksina= teu apal sastra nu ngajalur, nu ngangkat basa asli.  Tapi pek teh teuing ari boga karep ngotak-ngatik dina basa gaul mah da segmenna aya, langgananna aya. Da hese dibendung. Basa sunda kawas namu weh, padahal di lemah caina. Tapi ulah hariwang. Hartosna basa sunda sareng pegiat budaya katangtang pikeun rancage, pinter jeung inovasi dina ngamekarkeun ieu media: basa sunda.
 
Ngenaan basa sunda di SMA nu ngabalukarkeun kaberat di –saeutik- bagian tatar sunda eta memang wajar. Solusina sadaya elemen: ahli social, sastrawan, pemda, ahli pendidikan, ahli cingceung, psikolog social jeung ahli sajarah kedah badami dina mereskeun ieu tantangan. Dina materina ulah beurat teuing sederhanakeun, setingna nu hade -bukuna- jero jeung rupa, jam pelajaran na saminggu kedah disesuaikeun pangpangna ieu mangpaat kangge nu "anti" ka program ieu. Memngpeung can parah, rencana basa sunda diajarkeun di sma, eta tiasa digolkeun hela, eta kangge nu tos siap, upami nu rada kaabotan mah panginteun kedah ku jalan leles jejer sareng jalan nu wijaksana. Tapi ieu mah pipikiran abdi mangga sawalakeun deui di puslitbang eta proyek kalayan jero pisan.
 
Memang dina realisasina najan saeutik aya weh hahalangna teh boh ti guru sorangan atawa aya pihak2 nu teu katembong dina kateu panujuanna. Tapi sabar jeung tenang, nu penting tarekah sareng ulah maksakeun. Memang abot. Tapi pami pelajar di urang teu epes meeran, aah pelajaran sakitu bae berat. Mun mah enya bener2 siswa nu pipikaranna lurus atuh lain nolak malah someah-leah narima da nu kawasa diluhur-pamarentah- moal ngajak kanu teu bener. Jengna deui mun sajam-dua jam basa sunda diajarkeun dina saminggu ah teu berat.
 
Aya titik nu kedah dikanyahokeun ku urang balarea: naha siswana nu males, teu boga daya juang, pami kitu berarti taya masalah, masalahna mah ti kaum pendidik atawa guru. Pami guru atawa masarakat tertentuna mumul eta lain soal tapi soal lain nu kedah dibahas leuwih detail.
 
Sabage budayawan kudu leuwih jero mun ngaluarkeun kasimpulan. Senah pemerkosaan budaya nu kitu teh, naha leres cing para wargi naha ieu pamendak teh nepi ka mana jalaran kasimpulan nepi kadinya. Lebah dieu merlukeun pikiran nu dibeuweng-diutahkeun, mangga padungdung diskusi sareng ahli sajarah jeung budayawan liana. Memang pikeun tatar sunda nu beh kulon merlukeun analisa nu seukeut lain asa saseueket-seukeutna; kudu jernih.
 
Nu gaduh kereteg budaya ulah katempuhan buntut maung dina hartos eta proyek ulah dijadikan aji mungpung-mengpeung ngawasa. Mun niatna diembel2 ulah salah mun hasilna teu nyugemakeun, lain nuduh ieu mah silih asih, karunya ka diri urang balarea.
 
Nu jelas padamelan nu sae ieu merlukeun pengurbanan nu teu saeutik. Cag ah.


Yahoo! Photos – Showcase holiday pictures in hardcover
Photo Books. You design it and we’ll bind it!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke