Punten upami dobel. Serverna nu ngadat. MGT ===================================================================
Kalakuan Jelema Enya. Kalakuan atawa pasipatan jelema teh rupa-rupa. Oge jalan hirupna, nu sakapeung teu asup akal atawa teu siga-siga. Aya nu baheula ceuceuleuweungan ngajualan koran, ayeuna ka mana-mana teu weleh ngekelek pestol. Jadi intel. Aya nu baheula disapirakeun, alatan dianggap kuuleun, ayeuna jadi produser film. Kituna teh kabogohna meh teu kaitung. Bari sarupaning socialite tea. Nu sareungit, camperenik, awakna reuteum ku merek, bari (meureun) can ngasaan numpak busway-busway acan. Geus puguh ari seseleket dina beus kota atawa katorekan alatan naek Bajaj mah. Perkara pasipatan, coba bae tengetan sabudeureun urang. Boh di tempat gawe, di imah, di kulawarga, sakola, pasantren, masigit, pangulinan, atawa di milis pisan. Aya Kang Sjam nu sagala rupa diheureuykeun. Aya Bah Willy nu keukeuh cadu bisnis jeung nu nyandung. Aya MJ nu gumasep -- eta bae nulis noong ge sok make "noonk", cabok jadi "cabox". Aya Kang Oman nu nyepuh (maksudna siga sepuh atawa koloteun) bari daria bae. Jeung rea-rea deui. Hartina, deui-deui, Mang Haji Oma Irama bener pisan: Urang teh rupa- rupa. "Ada Sunda, ada Jawa, ada Batak, ada...". (Ngajleung teuing paparikannana? Jeung teuing). Kituna teh, tiap jelema siga miboga fungsi atawa peran sewang- sewangan. Aya nu nempatkeun maneh jadi boss, dina harti lain bae sok utah-etah. Tapi, sok rada geumpeur mun aya batur ngilu mayar di mana sakalina dahar bareng atawa jajan. Aya oge nu sabalikna: Medit kacida. Geus puguh datang ka tempat dahar teh rek udunan, ari waktuna mayar, si pedit mah hare-hare bae. Barang nu ngaladenan dicalukan sina ngitung sabarahaeun, manehna mah gura-giru ka cai. Pajarkeun teh, seubeuh teuing. "Teu kuat hayang miceun," ceuk manehna. Sakalina meunang kiriman dahareun ti lemburna, si pedit mah sok ngerem maneh di kamarna. Sanajan di luar rea batur ge, manehna mah jongjon bae maca bari ngerewis kiriman ti lemburna. Boro-boro hideng nyodorkeun, tawar gatra ge heunteu. Sieun nu ditawarannana daek. Ongkoh heueuh, teu ditalawaran sorangan ge sok hideng nyarokot sorangan. Nunggu nu boga kamar ka cai. Mun hese pisan kaluarna, kapaksa si julig peuting-peuting kukurubutan ka pipir kandang hayam batur. Ngadon newak beurit. Geus beunang, keteyep ngadeukeutan kamar si pedit. Sabot nu boga kamar kaluar, da dicalukan ku nu lian, api-api nanyakeun soal atawa catetan, geuwat si beurit teh diasupkeun kana kaleng kadaharan si pedit. Antukna, tengah peuting, nu lain keur anteng diajar, nyanghareupan ujian isuk, si pedit nu oge bersekana kaleuleuwihi tuturubun kaluar ti kamarna. Jeblag panto imah dibantingkeun. Berebet lumpat ngurilingan buruan. Bari jejeritan jeung ngepret- ngepretkeunkeun leungeun kencana. "Beurit! Beurit! Beurit!". Meunang sabulan mah manehna teu bisa sare tibra. Sieun beurit nu "asup" kana kaleng kadaharannana can bener-bener ingkah ti kamarna. Padahal, bari jeung ujian ge, manehna meh unggal poe bobongkar jeung beberesih kamar nu sabenerna geus beresih. Bobongkarna teh aya kana samingguna. Dasar si pedit jeung berseka kaleuleuwihi. Aya oge nu purah diutah-etah. Purah dititahan. Sakalina dosen nitah motocopy diktat atawa buku, meh saangkatan nitip ka manehna. Geus puguh, mun aya nu rek datang ka imah dosen, diher atawa sasadu can bisa mikeun tugas, nya si tukang dititah tea nu diajak marengan teh. Pon kitu deui mun rek datang ka imah awewe nu ditaksir, bari rada teu PD. Manehna nu jadi "tameng" atawa "bemper" teh. Atawa, mun bapa atawa dulur eta awewe rada "someah", nya si bemper tadi nu diwadalkeun. Sina maturan adi si awewe maen monopoli atawa lalajo film kartun! Nu matak watir, bari embung mantuan, mun sakalina keur ngumpul beakkeun roko atawa dahareun. Euweuh deui nu pada nginjeuman jeket atawa sarung teh, nya manehna. Da, saha atuh nu tengah peuting -- mangsa katiga -- daek momotoran ka Simpang atawa ka Tamansari Handap? Sudi najis. Kajeun teuing ngarengkol dina kursi butut, diharudum sarung, bari ngalung-ngalungkeun kartu remi. Mun beuteung ngurubuk, rot nginum cai enteh. Nu tiisna matak linu huntu nu bolong. Aya deui nu gawena ngagonjak atawa ngaheureuyan batur. Bari sakapeung sok dedegler. Ka telepon-telepon imah, nu ngajungkiring sagede jurig, diasupkeun kana rangsel batur. Atuh, boh nu boga imah boh nu boga rangsel sarua ripuh. Nu hiji kukurilingan neangan telepon, bari teu weleh gogodeg. Teu ngarti telepon sagede kitu nepi ka leungit. Nu lainna, era-era ge kudu ngahajakeun indit ti Bandung ka...Sukabumi! Nganteurkeun telepon. Da, nu boga dosana mah teuing ngatrok ka mana. Aya kana sabulanna karak mucunghul deui di sakola. Siga nu geus diatur ti loh mahpudna, mun aya nu tukang heureuy, geus pasti aya jelema nu paling sering jadi obyek heureuyna atawa obyek heureuy lingkungannana. Ti mimiti ngaran, cara leumpang, beubeungeutan, nepi ka kancing-kancing baju nu dipake -- geus puguh urusan awewe atawa bacaan mah -- nya manehna nu jadi sasaran. "Ke ditingal-tingal, maneh teh siga Brian Jones, euy. Coba nangtung geura," ceuk si tukang heureuy. Sakitu geus mangtaun-taun diheureuyan jeung diheureuykeun oge, si obyek teu insap-insap. Dititah kitu teh daek we. Jung manehna nangtung. "Ngan buuk maneh rada galing, euy. Mun lempeng mah, wah Mick Jager ge bisa pangling," ceuk si tukang heureuy. "Maenya?," ceuk nu diheureuyan, teu rongget-rongget. "Enya," ceuk nu ngaheureuyan, bari sok ngaitkeun gagang bulu hayam (kamoceng) kana kerah si obyek. "Coba geura leumpang ka beh ditu," ceuk manehna, sanggeus bulu hayam nempel. "Tuh, pan siga, nya?," ceuk si tukang heureuy deui kanu lian, basa ningali si obyek leumpang ka juru nu ditunjukna. Nu lian, tangtu bae, ngahaminan. "Enya, euy. Tinggal buukna dilempengkeun jeung make kaos hideung," ceuk salah saurang nu ngahaminan, bari nahan seuri. Kaceuleupeungan jelema tadi teh teu eureun nepi ka dinya. Sanajan kamarina kanyahoan yen manehna dititah nangtung teh sangkan kerahna bisa ditempelan bulu hayam, isukna aya batur nu ningali eta batur kaluar ti hiji salon di Jalan Banda. "Sigana mah bener si eta ngadon ngalelempeng buuk," ceuk nu mergokeun. Enya bae: Pagetona, basa panggih di sakola, batur nu digeuhgeuykeun teh geus rada beda: Buukna rada jeceng, bari make turtleneck hideung tur disapatu model rock and roll tea. Nu hakna jangkung, bari hareupna lancip -- nepi ka ramo pabeulit teu puguh matut. Tapi, enya siga Brian Jones? Boro-boro. Eta batur urang Garut teh pendek busekel, bari beuteung rada bentelu. Jauh pisan kana jiga. Matak, barudak awewe ti fakultas lian mah sok pating harewos mun sakalina Juragan Brian Jones ngalangkung teh. Sawareh mah katingal teu kuat nahan seuri. Nungguan telepon ti Kayuputih, 7 November 2005. Catetan: Brian Jones teh salah sahiji personil Rolling Stones, band heubeul nu loba dipikaresep ku angkatan kuring jeung saluhureunnana. Sigana, Teh Ipeut atanapi Ua Tito mah apal pisan tah ka ieu band teh. Eta inohong maot, 3 Juli 1969, dina umur 27. Teu jelas naha maotna teh alatan over dosis, atawa aya nu ngadoreksakeun. Atawa tikerelep lantaran kaserang asma. Brian Jones memang maot di balong pangojayanannana. Maman Gantra Jalan Salemba Tengah 51, Jakarta 10440. 0812-940-5441 Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/